Punten bade tumaros,   
  Dupi Loka Tarjamah Otomatis Indonésia – Sunda 
(http://tarjamah.sabilulungan.org/teks.php) sareng kelompok diskusi surelek 
Kisunda kagungan Kusnét ogé?
   
  ============================================================
   
   
  
Kusnét: nu loba ditanyakeun

 

Unak-anik milis urangsunda@yahoogroups.com:

 

1.    Naon tujuanana ngawangun milis urangsunda?

 

Forum ieu diwangun pikeun ngamumulé basa jeung budaya urang Sunda.

 

2.    Ari panganteurna make basa naon?

 

Di ieu milis diutamakeun pisan maké basa Sunda, tapi teu kaku. Utamana pikeun 
nepikeun embaran ti tempat séjén, kaci maké basa séjén (Indonésia, Inggris, 
jsb.).

 

3.    Asa mindeng ngadéngé Kusnét téh, naon sih hartina?

 

Kusnét téh Komunitas Urang Sunda di Internét, landihan formal pikeun komunitas 
milis [EMAIL PROTECTED]

 

4.    Ari anggota Kusnét ieu teh urang mana wae?

 

Anggota Kusnét kiwari kurang leuwih aya 1800-an, nu padumukanana sumebar di 
sakuliah dunya. Aya nu di Koréa, Jérman, Inggris, Maroko, Bukittinggi, Jakarta, 
Bandung, pokona mah di mana-mana aya. Mangga tingal 
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/database

 

5.    Ari kagiatan Kusnét téh naon waé?

 

Kagiatan Kusnét rupa-rupa, aya nu dipigawé ku individu-individu anggota, aya nu 
dikokolakeun sacara réréongan. Anu tos maneuh mah nyaéta ngadamel ramatloka 
(website www.urang-sunda.or.id) nu dikokolakeun ku Kang Eko Ruska Nugraha, 
urang Tasik nu bumén-bumén di Bogor. Anu kiwari keur dirempug nyaéta "proyék" 
digitalisasi pustaka-pustaka Sunda: majalah Poesaka Soenda, carita Rusdi jeung 
Misnem, sarta narjamahkeun Qur'an kana basa Sunda. Nu sanésna di antarana 
nyusun kamus online Sunda-Indonesia-Inggris 
(http://www.urang-sunda.or.id/data_ko.asp), Wikipédia vérsi basa Sunda 
(su.wikipedia.org) katut proyék-proyék sawargi-na, ngadamel aplikasi font 
aksara Sunda kanggo program word processor 
(http://www.urang-sunda.or.id/aksara_sunda.htm atawa 
http://lssitb.f2o.org/ngalagena/), jsb.

 

6.    Asa sok aya nu nyabit-nyabit perkara kuncén, naon maksudna?

 

Kuncén téh sebutan pikeun moderator milis, kiwari jumlahna aya tujuh urang: 
Kang Ismail Rakhman (nu ngadegkeun milis, owner), Ua Sasmita, Mang Jamal, Kang 
Eko, Sikandar, Apih Siddik, jeung Kang Boim.

 

7.    Kadang mindeng ngadéngé ngeunaan Yayasan Percéka, naon tatéh?

Yayasan Percéka (YP) téh hiji yayasan nu diadegkeun ku sababaraha urang anggota 
Kusnét pikeun ngawadahan kagiatan-kagiatan Kusnét di alam nyata. Kagiatan nu 
kiwari dikeureuyeuh ku yayasan ieu nyaéta masihan béasiswa ka barudak Sunda nu 
teu mampuh jeung muka Pabukon Simpay Katresna (Pasaka) di sababaraha wewengkon 
di Tatar Sunda. Ti mimiti ngadeg nepi ka ayeuna, Yayasan Percéka dipingpin ku 
Mang Jamal (sok make inisial MJ). Mangga tingal http://yp.urang-sunda.or.id/

 

8.    Kamari-kamari, na koran disebut-sebut jalmi nu namina Mamat B. Sasmita ti 
Kusnét, saha tatéh?

 

Mamat Sasmita téh salahsaurang kuncén di milis urangsunda, kungsi jadi béntang 
di Kongrés Basa Sunda ka-8 di Subang ahir Juni 2005. Anjeunna ogé tos 
sababaraha kali némbongan dina kalawarta/koran nasional kayaning Kompas jeung 
Media Indonesia, utamana pikeun kagiatanana muka Rumah Baca "Buku Sunda jeung 
Sajabana" di Margawangi, Bandung. Di rumah baca éta urang tiasa mendakan 
rupi-rupi koléksi buku, nu seuseueurna mah buku-buku nu ngeunaan Sunda. Tapi 
buku nu sanésna oge euyeub.

 

 

Urang Sunda di Internét

 

1.    Kuring téh keur diajar basa Sunda, dimana nya néangan kamus Sunda online?

 

Kamus Sunda online bisa dipanggihan di ramatloka LSS ITB 
(http://lssitb.f2o.org/kamus/?wk=KacaUtami), ramatloka Kusnét 
(http://www.urang-sunda.or.id/data_ko.asp), atawa di Wiktionary Sunda 
(http://su.wiktionary.org).

 

2.    Dupi ramatloka nu ngabahas ngeunaan kasundaan, atawa nu medal dina basa 
Sunda, naon waé nya?

 

Kiwari, aya sababaraha ramatloka nu dikokolakeun sacara husus ngabahas 
kasundaan: (1) www.urang-sunda.or.id , dikokolakeun ku Kusnét; (2) 
www.sundanét.com, dikokolakeun ku Wahana Raksa Sunda; (3) lssitb.f2o.org, 
dikokolakeun ku LSS ITB; (4) su.wikipedia.org, Wikipédia dina basa Sunda, 
dihanca réréongan, dimodalan ku Yayasan Wikimédia.

 

Aya ogé ramatloka Sunda nu dikokolakeun ku pamedal buku/kalawarta Sunda, di 
antarana (1) www.mangle-online.com, ramatloka resmi majalah Manglé jeung (2) 
www.cupumanik.com, ramatloka resmi majalah Cupumanik

a


urangsunda@yahoogroups.com wrote:                                  
 
 File        : NLD 
 Description : Nu Loba Ditanyakeun 
 
 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke