ka baraya kusnet, kanu salse oge kanu hoyong tepang sareng baraya sanesna,
mangga diantos kasumpinganana
dinten ahad minggu sunday

ping 13 Mei 2007

waktos; sakabujengna we. nya ti jam 7 dugi ka bosen, jam lima genep magrib
kaci.

acara mah silaturahmi bari silatutug ngampar samak.nu ageung teuing
salirana, teu kuat sila lila, aya korsi.
eusi acara mah kongress we, ngawangkong teu beres-beres tea.

acara matuh munggaran -utamana kanu teu acan wanoh- nya wawanohan.

tempat, Jl. Rajamantri Kaler 23 Buah Batu Bandung

kanu di kebona atawa humana nuju panen jagong oge suuk, boled, sampeu,
mangga dikulub heula, kaci pisan diakut ka tempat kongress hehe.

------------------------
catetan perkawis bumi rajamantri kaler 23:
bumi eta baheula ku baraya KUSnet  (Ua Sas, bah Willy, bah Toto, kang Maman
Gantra) diontrog dina raraga nganteurkeun si kuring nanyaan. ayeuna si
kuring milu sare di dinya. haha.


--
geocities.com/mangjamal

Kirim email ke