Kahatur para wargi sadayana,

Nyoreang kapengker waktos urang Sunda ngaadopsi aksara carakan janten cacarakan 
dimana dua aksara dha sareng tha diilangkeun kumargi dina basa Sunda henteu aya 
sora dh sareng th.

Kiwari urang sunda ngaadopsi aksara leten anu ngandung 26 aksara kalebet f, v, 
x sareng z. Kumaha kedahna urang Sunda ayeuna? Naha bade ngailangkeun eta 4 
aksara laten atanapi lengkep ngaadopsi aksarana ti a dugi ka z.

Nurutkeun simkuring mah saena urang Sunda teh ngaadopsi aksara laten kalayan 
lengkep kumargi da letah urang Sunda mampu ngucapkeun sora-sora sadaya aksara 
laten. Malahmah kedahna ditambih ku aksara é. Ah eta mah pamendak simkuring; 
tiasa wae lepat. 

Wassalam,
Asep
  
       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke