di Kuningan nya.

yp ayeuna gaduh kencleng genep jutaan langkung saeutik. (rp 6.3jt)
rencana memang aya kanggo beasiswa. teh mun saurang 50 rebu sabulan, 
nya yp nembe kuat 5aneun, 
 50.000 x 12 bulan x 5 urang, tilu jutaeun. langkungna kanggo pabukon.

carana mah ukeun data murangkalihna, nami sepuh, jsb ti desa. teras 
ukeun no.rek bca atawa bni kang kuwu atawa saha bae nu tiasa 
katitipan. atawa kumaha tah cara ngirim bulanana ka kuningan? tiasa 
oga ngalangkungan wesel pos sigana ka kuwu/bale desa. tapi kuwu ge 
lega sawahna meureun, mun tiasa mah nya mantuan oge, da yp gan gaduh 
dana 6 jutaan. sapalih kanggo pabukon. kapayun mah duka.

ari Program Beasiswa nu atos2 mah, pikeun 40 murid di ciamis, mung 
pangmayarkeun SPP SD sataun, janten tiasa di drop sadayana sakaligus.

saena memang yp kusnet gaduh program anak asuh atawa adik asuh atawa 
alo asuh. mung rada paur margi donatur atawa kenclengerna nembe 
sakedik.  sieun teu nepi. teu wasa ngajak atawa kampanye, da eta mah 
perkawis kasadaran sareng kacintaan ka dulur salembur. teu kudu 
diajak asana.

sareng aya barudak di lembur sabaraha urang, ku baraya KUSnet 
disanggupan tiap bulan dibantuan, tiasa ka ypkeun tiasa langsung.


pabukon mangga. ukeun alamat sareng calon nu ngurusna.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Mang..
> dilembur abdi, Linggarjati. kuwu-na anyar, babaturan pisan.
> ngan apal pisan yen manehna mah rada "concern" kana 
> kapentingan umum teh, da baheulana sanajan manehna anak
> kuwu ge, gaulna teu pulah pilih, kabeh di rawu.
> 
> Basa abdi ka lembur, ngobrol2, sihoreng di lembur abdi ge
> masih keneh loba jelma susah, nepi ka barudak sakola teh
> loba nu eureunan, da teu karuat nga-biayaan. tina data nu
> aya, geuning leuwih ti 50 budak nu pantes dibantuan teh..
> 
> Mang, mun de ngajukeun ka Perceka, jatahna sabaraha urangeun?
> oge aya rohangan gigireun rohahan Karang taruna, tiasa di
> jadikeun Pabukon. Aya nu kersaeun kanggo ngokolakeunana.
> Kumaha tah Mang ?
> 
> 
> -ndoell-
> 
> --- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <jamal@> wrote:
> >
> > 
> > keur nyicil meseran buku keur pabukon di ciawi tasik lemburna 
ambu 
> bagja.
> > karek sakardus. nunggu toko buku gigireun pangulinan buka. cenah 
> cabang ti
> > palasari, jadi leuwih deukeut, ngan can buka bae, masih dibeberes 
> keneh.
> > 
> > engke mun tos dua tili kardus dianteurkeun-mun aya mbl nganggur- 
ka
> > jatinangor atawa pos ka ciawi
> > -----
> > 
> >  6. Bagja, abah & ambuna, manawi pareng (Jatinangor)
> > 
> > 
> > mj
> > 
> > http://geocities.com/mangjamal
> >
>


Kirim email ke