Asalamualaikum Bapa,- wilujeng tepang di ieu Babakan Kusnet manawi, 
alhamdulillah ditakdirkeun tiasa patemang. Abdi oge sami kawit ti Tsm, mung 
rada kidul deui, tepatna mah di Desa Burujul Jaya, Kac. Cibalong. Ari rorompok 
mah di Bandung, malih danget ieu nuju di Msia tos bade 7 thn. Perkawis Pangajak 
ka anu sasama, rupina langkung tina sakadar widang sareng yuswa urang, 
kalintang saena. Insya Alloh nambihan. Widang abdi resep kana ekonomi, khususna 
Pembangunan. Nuju ngintip cing saha diantawis baraya anu tiasa ngabongbolongan 
sanes mung nyempad hungkul, namung anu langkung utami bongbolongan eta sugan 
sareng sugan tiasa ngarobih kaayaan. Kunaon hese pisan mendak padamelan, kunaon 
generasi kiwari mah harayang marewah, kunaon hirup kiwari mah jigah nu moal 
inget ka jaman saparantos tilar dunya? Sareng seueur deui pisan masalah urang 
kiwari. Cag heula bilih rada panjang, Baktos abdi. 

Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:            Kahatur sdrk Tatang, 
  Tangtosna satuju kana pamikiran sadaya anu ngarespond, Memang dina widang 
profesi tangtos nyambungna. Tapi da minat sim kuring sanes ukur widang anu 
dicangkem wungkul oge widang sanes. Kukituna sugan aya anu nyanggut ide ieu, 
komentar tetep diantos, bari nyebarkeun bari mulasara basa karuhun.
  Wass DP

Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Muhun leres,
  Supados nyambung mah sigahna sanes perkawis yuswa anu janten masalah, namung 
sigahna bae widang atanapi profesi kuanjeun. Janten tong maksakeun ngalokan 
atanapi mairan perkawis anu di luar widang atanapi profesi urang. Tah upami 
kitu hampir pasti nyambungna, insya Alloh. 
  Baktosna Aki tams.

surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
      Abdi mah paling teu percanten kabedaan umur terus
janten teu nyambung. Eta mah kumaha urang..kumaha
wawasan urang..kumaha kahayang urang..... Puguh sae
pisan ieu BS sareng US teh anggotana sagala
umur..pasti nyambung lamun tiasa nyambungkeunana. Hese
? Eta mah tangtangan atuh ! Teu resep ? Eta poko
pasoalanana.

--- Djakaria Purawidjaja
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Nu dimaksad teh saperti dina friendsters naha aya
> anu sasama, ngarah rada nyambung. DP. 
> 
> Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> haturan ki Djakaria. punten ngaakikeun. da
> simkuring mah asup ka kategori sapertilu tungtung
> 20-an taun keneh ;) jeung punten deui upama basa
> sikuring cologog. cek batur mah malah basana kasar
> cenah, lain embung make basa nu cenah lemes. lain
> embung deuih ngahurmat saluhureun, komo ieu pantaran
> aki kuring ku basa nu lemes. ieu mah ukur sakabisa
> kuring pikeun kampanye teu kudu era make basa nu
> cenah loma. sikuring sering pisan, boh di dieu atawa
> di tempat sejen, maca jeung ngadenge cenah era make
> basa sunda, sieun kasar. nya di dieu, di dunya maya
> pisan cek sikuring tempat nu merenah pikeun miceun
> eta kasieun. di dieu urang teu bisa nembongkeun
> kakolotan umur urang jeung batur ngobrol urang. di
> ieu tempat mah umur geus teu jadi variabel nu
> penting, malah geus bisa disieuhkeun pisan. najan
> sikuring can bisa konsisten. komo lamun nu diajak
> gunem catur di ieu milis kungsi paamprok di darat. 
> 
> tah bisi sikuring salah harti. simkuring teh can
> tiasa nangkep naon nudipikahoyong ku aki. maksudna
> misah-misah dumasar umur teh kumaha? 
> 
> nuhun jeung hampura saacanna
> 
> dh
> 
> On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> Ka urang Sunda,
> Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu
> marunel ti urang sunda group. Jadina bisa nyaho kana
> perkembangan masyarakat urang sunda dina danget ieu.
> Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy
> dimontor, malah sakali kalieun tangtu milu ngalokan
> anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang
> kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur.
> Kumaha aya rencana milah milah tapi lain hartina
> misah misah? 
> Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah
> informasi, sim kuring tos lebet kana " the fading
> generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika
> "ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas
> umur 65 - 70 taunan, naha aya katagori ieu? Wass DP.
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> -- 
> dh
> ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
> :.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
> datiparang.blog.com . deha.wordpress.com 
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
> Check outnew cars at Yahoo! Autos.

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 



    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   




    
---------------------------------
  Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
Check out new cars at Yahoo! Autos.   

         

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Kirim email ke