Kahatur bapa Djakaria,
   
  Upami ningal seratan-seratan teh Roro anu sakitu wijaksanana matak pangling; 
sanaos yuswana masih 17 taun, katingalna teh jiga 71 taun. Heu heu heu, 
intermezo ieu mah.

   
  Dina salasawios seratan anjeunna di ieu milis, teh Roro kantos nyaurkeun yen 
anjeunna teh “anak kolong”. Janten upami dijujut pancakaki antawis ramana teh 
Roro sareng bapa, henteu mustahil upami ramana teh Roro sareng bapa teh kantos 
tepang atanapi kenal caket. Sanes kitu, teh Roro? Mangga dipedar atuh.

   
  Bilih aya kecap anu henteu merenah, neda dihapunten.
   
  Baktosna,
   
  Asep
  

Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                 
 
Kahatur sdrk Roro Rohmah,
  Tuh kapan aya waleran malah aya info anu sasama, minimum tadi oge disebatkeun 
sanes bade misah misahkeun . Kukituna nuhun kana komentar , toh sim kuring 
tiasa nampi kana berita anu ti saha bae, dina kasempetan ieu tangtos hoyong aya 
komunikasi ti urang sunda sagemblengna, Kantos pun anak jeung incu ngusulkeun 
keur si Aki rek digabungkeun ka group anu sasama di group sanes urang sunda, ke 
heula cek si Aki rek nanya heula sugan di urang sunda aya sasama anu masih 
keneh resep berkomunikasi komo dina basa indung sorangan, basa sunda.
  Wassalam DP

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Kahatur Bah Djaka (punten nga-Abahkeun)…
  Tuh, patingpucunghul “balad” Bah Djaka di absen ku Bah Willy, aya Wa Sas, Bah 
Surtiwa nu yuswana ampir sawawa. Salami abdi ngiringan milis ieu mah bade anom, 
bade sepuh ge nyararambung, aya paripaos dina basa Indonesia,”Muda bersikap 
dewasa. Dewasa berjiwa muda” tea. Teu nu anom teu nu sepuh, sing saha wae nu 
gaduh pangalaman sareng elmu pangaweruh, di milis ieu tiasa silih babagi.
  Mangga geura titenan…
ro2 

  On 5/1/07, Djakaria Purawidjaja
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 
> Ka urang Sunda,
> Sababaraha poe ieu teu weleh meunang informasi anu
> marunel ti urang sunda group. Jadina bisa nyaho kana
> perkembangan masyarakat urang sunda dina danget ieu.
> Hal ieu moal dileuleungtkeun sarta rek tuluy
> dimontor, malah sakali kalieun tangtu milu ngalokan
> anu kira kira bisa dialokan. Dina olah raga kadang
> kadang sok aya kelas kelasna dumasar katagori umur.
> Kumaha aya rencana milah milah tapi lain hartina
> misah misah? 
> Rupina sakieu heula ti sim kuring. Keur panambah
> informasi, sim kuring tos lebet kana " the fading
> generation", tapi kana kasundaan mah moal nepika
> "ngahiang = terjemahan tina Fading". Lamun kelas
> umur 65 - 70 taunan, naha aya katagori ieu? Wass DP.
>
  Bah DP, sigana mah rada sesah diwilah-wilah ari dina millis mah,  sagalana 
"campur aduk". Tapi Bah DP, didieu aya oge nu yuswana nu parantos langkung 
ti 60 taun. Sapertos Abah Jou nu di New York, Bah Surtiwa, Bah Dirman 
...jrrd. Tah ari nu yuswa 50-60 mah seueur. Kuncen (moderator) no 2, Ua 
Sasmita kalebet kana katagori ieu, Oge Ua Siddik, Kang AA Misan, Kang Mamat 
Rachmat ...jrrd.

Ngan ari kuring mah rarasaan teh masih asup kana katagori budak ngora, da 
umur teh kakara ngaleuwihan satengah abad ....hehehehe

Baktos,
WALUYA 
  



         

---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check out new cars at Yahoo! Autos. 
     
                       

       
---------------------------------
Ahhh...imagining that irresistible "new car" smell?
 Check outnew cars at Yahoo! Autos.

Reply via email to