Hehehe*aya-aya wae Kang Asep mah*janten isin yeuh*
 
Puguh, abdi teh sok "ngagebeg" saparantos maos deui seratan nyalira mucunghul 
di milis*ih, naha jadi kitu? Naha jadi kieu? Siga "nu heueuh" ceuk 
songongnamah. "sok iye" saur urang Batawi mah. Kokolot begog saur paripaos 
mah*siga2 jalmi nu resep  mapagahan ka batur. Mangkaningan seueur sepuh, 
inohong sareng gegeden di milis ieu teh, hapunten anu kasuhun Abah, Mang, Uwa, 
Aki katut Ambu rehna abdi tos kumawantun mapagahan.
 
Tapi emut deui asanamah aya baraya nu nyarios," Wios Teh, jebrod-jebrod we, 
tong asa-asa nyerat nu penting mah ngangge basa Sunda"* heheh. Nya abdi teh asa 
kajalanan, keur mah hobi surut-serat, kaleresan nuju sosorodotan di ramatloka 
mendakan milis ieu*nya betah dugi kaayeuna. Saleresnamah abdi mung ngalarapkeun 
kecap-kecap nu kantos kadangu, maos seratan boh dina majalah/koran/buku, tina 
piwuruk sepuh, wangkongan batur atanapi tina dongeng di radio jamanna Mang Jaya 
nu kapungkur nuju jaya-jayana. Geuningan ku cara nyerat dina basa Sunda janten 
hiburan kanggo pangbeberah manah. Komo pami seratan abdi katampi ku balarea 
mah, bingah pisan teu aya papadana.
 
Hiks*janten emut ka pun Bapa, yuswana teu benten tebih sareng Bah Djaka, 
anjeuna kalahiran taun 1941. Anjeuna ge sok bingung, da saur pun eyang mah 
nyebatkeun dibabarkeunana taun 1942, "Brol ka alam dunya teh basa aya kahuruan 
lembur diduruk ku Walanda, terus ngungsi ka leuweung" harrrrr?*dasar jaman 
kapungkur mah nu namina "data atanapi informasi" teh teu pararuguh 
disambung-sambung sareng hiji kajadian. 
 
Pami anjeuna aya keneh panginten ku abdi ge bade dipiwarang ngiringan milis 
ieu. Anjeuna resep pisan kana kaSundaan boh dina seratan atanapi kasenian. 
Siganamah nurun ka abdi bakat nyeratna. Panyawat ba'da pangsiun (Post power 
syndrome*eh, leres kieu nyeratna?) karandapan ku anjeuna, bingung kedah midamel 
naon. Biasa dikantor ari ieu lena-lenu teu pararuguh cabakeunana. Dua minggu 
saparantos pangsiun, anjeuna  macul payuneun bumi, mupukan tangkal buah nu aya 
di buruan. Teu lami langsung ngajoprak, panyawat jantungna karaos. Dicandak ka 
rumah sakit, 3 dinten lamina "ngendong" di RSUD Sumedang, teras ngantunkeun. 
 
Saleresnamah tos ti yuswa 40an pun bapa teh berewit. Sagala rupi panyawat 
karandapan ku anjeuna, ti rematik dugi ka darah tinggi, ti ginjal dugi ka 
jantung*alias komplikasi. Tos wareg abdi ngabebeyeng salira anjeuna nu jangkung 
ageung, beuratna kacida. Kumargi eta, saprak anjeuna kenging tugas di Bandung, 
abdi dilantik janten "ajudan-na" da pun biang sareng rai-rai mah aya di 
Sumedang. Naminage anak kolong, saumur-umur ge dikantun-kantun wae, tara 
ngempel sareng kulawargi.
 
Salami abdi janten "ajudan" alias tunggon pun bapa, abdi sok nitenan 
kagiatanana boh rerencanganana. Hiji waktos, pun bapa nyarios meuni alewoh, 
maklum nembe pendak sareng gegeden,"Tadi mah Bapa panggih jeung Dirjen Pos & 
Telkomunikasi, ngarana Pa Djakaria Purawidjaja*" 
 
Tos aya kana 3 taunna abdi calik pagigir-gigir sareng sekretaris Mbos, pami teu 
lepatmah ramana damel di Pos gaduh jabatan oge namina sami sareng Bah Djaka. 
Waktos maos aya email Bah Djaka nepangkeun, ku abdi ditaroskeun leres sanes 
ramana? Ari pek teh* "Hih, bujeng- ngiringan milis, bapa abdi mah gaptek. 
Sanaos ayeuna tos pangsiun baroraah ngoprek komputer kalahka ngangon beunceuh 
keur manuk heheh*barinage seratan namina sanes Djakaria tapi Zakaria.
 
Tah, mung sakitu dongeng ngeunaan Pa Djaka teh Kang Asep* 
Haturnuhun,
ro2.


Kahatur bapa Djakaria,
Upami ningal seratan-seratan teh Roro anu sakitu wijaksanana matak pangling; 
sanaos yuswana masih 17 taun, katingalna teh jiga 71 taun. Heu heu heu, 
intermezo ieu mah.

Dina salasawios seratan anjeunna di ieu milis, teh Roro kantos nyaurkeun yen 
anjeunna teh "anak kolong". Janten upami dijujut pancakaki antawis ramana teh 
Roro sareng bapa, henteu mustahil upami ramana teh Roro sareng bapa teh kantos 
tepang atanapi kenal caket. Sanes kitu, teh Roro? Mangga dipedar atuh.

Bilih ayaap anu henteu merenah, neda dihapunten.
Baktosna,
Asep

Reply via email to