Assalamu'alaykum, ki dulur

 

Hapunten, sim kuring ngiringan ngarerepot ka pangersa sadaya.

Nepangkeun, wasta pun Suarsa, kawit ti Bandung, mung ayeuna nuju ngumbara di
patengahan. J

Sim kuring gaduh pamundut, manawi diantawis warga US ieu kagungan info
perkawis "penjualan mushaf alQur'an" dina wanda sapertos pedalan ti Saudi
Arabia (anu tungtung ayat ayana di unggal juru kaca), naha dimana nya kinten
kintenna sayogi? Maksad teh di sawilayah Jawa Barat.

Manawi aya anu kagungan info, alamat, nami toko atanapi distributor na,
upami aya anu terang disuhunkeun kaikhlasanana kanggo ngawartosan ka sim
kuring ngalangkungan japri wae supados teu ngagareuwahkeun warga anu
sanesna.

 

Hatur nuhun anu kateda sateuacanana oge, diantos pisan waleranana.

 

Wassalamu'alaykum,

 

Baktos,

Suarsa

Reply via email to