hapunten anu kasuhun ka sadaya kadang wargi urang Sunda nembean wantun
dongkap ka ieu milis,mugia di tampi ku sadaya dulur-dulur urang sunda
ari nyebatkeun pituin urang sunda mah abdi rada ararisin da nyarios
basa sunda oge masih pabaliut ngan abdi gaduh kahoyong diajar deui
nyarios nu leres komo basa sunda buhun mah mugia aya nu kersa
ngajarkeun ka abdi.Ari ningal perkembangan generasi muda ayeuna
raraosan abdi mah teu di kampung teu di dayeuh meni asa ditinggalkeun
basa sunda teh (boa2 abdi oge kalebet meuren ..hehehe),seseurna mah
nyarios teh basa sunda perrgaulan atanapi basa malayu reang nu
pacampur aduk sareng basa sunda kumaha kapayun na mun salawasna basa
sunda teh ngan saukur janten basa "ekslusif" disawatara urang sunda
sorangan...Deudeuh teuing!!

Hapunten deui mun abdi kirang basa nu sopan...namina oge masih diajar



Reply via email to