Kuring kagiliran piket menjelang Pemilu di kantor kuring, di kampus,
kalayan dibantu ku saurang anggota pulisi ti Polsekta Padasuka Bandung.
Keur jongjon nulis kagiatan dina buku laporan, torojol aya nu laporan,
"Pa, aya nu gelo ngamuk di palih kaler di jalan Suci," ceuk nu laporan
bari nunjuk ka lebah kaler ku jempolna. 

Sanggeus persiapan kuring jeung pulisi langsung ngajugjug ka tempat nu
gelo ngamuk tea. Enya we nu gelo teh keur ngamang-ngamang bedog, bari
keukeuleuweuhan. Keur keukeuleuweuhan si nu gelo angger teu lesot nyekel
bedogna, gerewek ku pulisi ditangkeup dibongohan ti tukang, terus
dibangkol. Bedogna diamankeun. 

Sanggeus dibangkol nu gelo dibawa ka kampus terus didiukeun dina teras
kantor, bari ngarenghap panjang jiga nu ambek nyedek tanaga midek. Rek
ngadug teu bisaeun da dibangkol. Ku lantaran ku pulisi dibangkolna teh
leungeunna dikahareupkeun, manehna bisaeun keneh ruwal-rawel. Nya harita
teh ngarawel pulpenna nu teu weleh nyolegreng dina saku bajuna. Sanggeus
nyekel pulpenna gutrut weh kutrat kotret dina calana panjangna palebah
pingpingna. Boh ku kuring boh ku pulisi teu dihulag. Barang
diperhatikeun sihoreng nulis ngaran pulisi tea malah pangkatna ge
digambar. Sanggeus beres curat-coret manehna jiga nu sadar bari terus
pok nyarita: "Yu, ayeuna kuring rek dibawa ka mana? Kuring pasrah! Tapi
inget! Isuk jaganing geto mun pareng urang papanggih deui, dikadek siah
hulu anjeun ku kuring!" kitu ancamanana bari molotot. 

Mokaha katarima ku pulisi jeung kuring asa ngeundeurkeun jajantung.
Harita keneh manehna diamankeun dina sel Pulisi Padasuka samemeh dibawa
ka nu sok ngubaran. Sanggeus badami jeung kulawargana kakara dibawa ka
ahli ngubaran. Sataun ti kajadian newak nu gelo, harita kabeneran pisan
pulisi nu newak teh teu dines beurang da tas piket peuting. Aya beja,
yen nu gelo nu kungsi ditewak tea nananyakeun ngaran pulisi bari teu
lesot mamawa bedog cenah. Kabeneran pulisi teh harita keur ngomean motor
si kukutna nu geus 'keor' di sisi jalan teu jauh ti kampus kuring. Keur
ngadekul we muka busi, bari kokoprot kesang, torojol weh nu gelo tea
bari teu lesot nyenyekel bedog nyampeurkeun ka nu keur ngusey ngomean
motor. Atuh pulisi teh mokaha reuwaseunana. Tapi pulisi teh replek
masang jurus bari ngagorowok: "Ciiiaaat!" cenah, maksudna keur nurunkeun
mental lawan. Tapi nu gelo teh mugen teu lemek teu nyarek. Panon pulisi
mencrong kana beungeut manehna teu pegat-pegat bari ngatur napas. Nu
gelo teh ngalengkah ka hareupeun pulisi. Pulisi beuki ati-ati. 

"Teu kenging kitu Pa, awon! Da abdi nepangan Bapa teh sanes bade
ngabudalkeun ancaman nu kapungkur, namung bade nyuhunkeun dihapunten
samudaya kalepatan wirehna abdi kapungkur kantos ngaluarkeun cariosan
anu garihal. Ayeuna abdi tos waras waluya sehat wal afiat
sabihara-bihari deui janten jalmi sehat," kitu basana teh. 

Duka eleh babar, duka memang niatna kitu. Pulisi can ngajawab nanaon,
kasieunan ngabobodo supaya jurusna udar. Tapi kalahka kapiheulaan
nyarita deui: "Etang - etang kanggo kenang-kenangan, tampi ieu bedog nu
kapungkur!" cenah bari ngasongkeun bedogna, perahna heula nu diasongkeun
teh, nu gelo tea nyekel congona bari rengkuh, bari tina panonna murubut
kaluar cipanon. Ningali galagat kitu mah pulisi teh percaya, yen manehna
teh bener-bener geus cageur jeung hayang mulang tarima. Ku pulisi bedog
teh ditarima

 

<<image001.gif>>

Kirim email ke