PERYOGI BANTOSAN KOMPUTER KANGGO PASANTREN di TASIK
Assalamualaikum Wr. Wb. Kahatur baraya sadayana. Nembean pisan simkuring ngawangkong sareng rerencangan di kantor PT. Ekamatra Esta Ekuilibrium, anu kaleresan simkuring aya kaperyogian ka ieu kantor. Ti rerencangan nyarioskeun yen aya salawios Pondok Pasantren di lingkungan bumi anjeuna anu namina Pasantren Srahtarjuningrahyu di Ciawi Tasikmalaya anu di pimpin ku KH. Ahmad Hidayat nuju meryogikeun computer kanggo pendidikan santrina. Manawi diantawis baraya sadayana aya anu kagungan computer anu teu dianggo (layak pakai) atanapi bade pangagaleuhkeun computer anu kumaha wae spekna ditampi kalayan kabingahan. Saurna peryogi minimal 2. Hal ieu kantos oge ngajukeun ka Departemen Agama Kab. Tasikmalaya, nanging dugi ka ayeuna teu acan aya perhatosan. Kanggo salajengna mangga tiasa kontak ka Kang Redi di 08156229897 atanapi runa di 0818109410 YM : runainawan Tiasa pisan info ieu disebarkeun kanu sanesna. Sakitu kapihatur, diantos pisan ilubiungna kanggo kamajengan wargi urang anu dilembur. Wassalam, Baktos, Runa Inawan -- ::ri_1:: Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.com Mobile : +62-818-109410 www.urang-sunda.or.id. su.wikipedia.org [email protected] [EMAIL PROTECTED] urangtasik.multiply.com inawan.multiply.com

