Wa'alaikumsalam Wr. Wb.
 
Punten Kang Ikmal & Kang Eddy waleranana di ka Kusnet-keun supados baraya US nu 
sanesna tarerangeun sareng teu panasaran.
Waleran kanggo Kang Ikmal :
Saur rerencangan,  pami nuju kanceuh (kumat?) panyawat Diabetesna alias kadar 
gulana luhur : Sadinten ngaleueut 5 undur-undur. Pami tos stabil gula darahna 
saditen 3 undur-undur.
Hijikeun we dina kapsul kosong tea, wios pasedek-sedek oge *timanan kedah 
ngaleueut 5 kapsul, hawatos nu teu damangna bilih megil*heheh.
 
Waleran Kang Eddy :
Raina rerencangan ngagaleuh kapsul kosong di apotek caket bumina. 
Padamel apotekna naroskeun,"Kanggo naon?"
Saurna teh,"Kangge undur-undur". 
"Wah, pami seueur mah bade digaleuh".
"Bujeng-bujeng diical, abdi ge peryogi, hese milarina*."
 
Saurna rerencangan abdi mah aya nu ngicalan Rp. 20.000 samangkok mangrupi 
taneuh garing di lebetna aya undur2an duka sabaraha sikinamah. Anjeuna sok 
milari kunyalira di daerah Cicaheum, panginten taneuhna rada gararing. 
 
Kamari waktos sosorodotan di ramatloka naroskeun ka Kang Google, wartos 
undur-undur tiasa diangge obat diabetes seueur inpona, diantawisna aya di 
www.trubusonline.com.  Numawi, di kantor abdi mah diblok, janten alamatna 
wungkul nu tiasa diaos, lebetnamah lebeng.
 
Sawangsulna nuhun, mugia mangpaat.
ro2.

>>> "Heryadi, Eddy" <[EMAIL PROTECTED]> 05/11/07 04:15PM >>>


Neng Roro...
aya rerencangan..naroskeun...di apotek mana cenah aya undur-undur dikapsulan 
teh?
hoyong mecakan sigana mah...ngan teu wasa emam hirup-hirup...

>>> Ikmal <[EMAIL PROTECTED]> 05/12/07 11:31AM >>>
Assalamu'alaikum Wr.Wb.

teh roro bade tumaros,
dupi dosisnya nga-leueut undur undur sadinten na sabaraha kali?
teras dosisnya sakumaha 1 undur2 dewasa atanapi kumaha??
punten pisan? nyuhunkeun diwartosan dijentrekeun pami tiasa mah, margina 
abdi nembe terang yeun undur undur tiasa janten landong diabet, 
kaleresan pun biang aya kasawat diabet...

hatur nuhun,
baktos,

ikmal

Kirim email ke