Wilijung tepang dibabakan KUSNet kanggo kang Machmud, sim kuring oge salah 
sahiji warga cicahuem anu nuju ngarit di Batam.
Mudah mudahan kuayana US di Tribun Batam, US di batam busa munjul jalaran 
diwawarkeun kahadeanana dina eta surat kabar.

Wassalam,
Asep Heriandi
RedRocket Clothing & Souvenir
08127721788
0811777130
0778.364029
  ----- Original Message ----- 
  From: macbitel 
  To: urangsunda@yahoogroups.com 
  Sent: Wednesday, May 16, 2007 1:39 PM
  Subject: [Urang Sunda] Wargi Anyar


  Nepangkeun kasadayana, abdi wargi anyar. Wastana mah Machmud. Urang 
  Cimahi nu nuju ngumbara samentawis di Batam. Saleresna mah, kapungkur, 
  tahun 2005, ge tos ilubiung di milis urang sunda ieu. Sim kuring masih 
  emut sababaraha diantawisna " miliser", sapertos Kang Abun Sarabunis 
  Mubarok, teras kang Kumincir, jrrd. 
  Kaleresan ari sareng Kang Abun mah samarga kitu tah. Sami-sami Mubarok 
  he he.. Sami ti Tasik deuih lembur sarakan na. 
  Oh sareng Kang Manar Oman Abdurrahman ge uninga. Da sim kuring kantos 
  bade mesen buku geologi na Kang Budi Brahmantyo-Kang Bachtiar. Mung 
  basa eta, tos dongkap ka Geologi, kaleresan Kang Oman na nuju aya 
  acara di luar kantor. Nya, dugi ka ayeuna teu acan kontak deui sareng 
  Kang Oman. Padahal unggal dinten, YM-na hurung teras...
  Akhir 2005, kaleresan abdi cuti. Milisna dipareuman heula. Eh, 
  katerasan pareum rupina. 
  Kaleresan ayeuna sim kuring nuju pancen tugas di Batam, nyaeta di 
  Tribun Batam. Kalebet bantuan tempur ngabantos Tribun Batam nu 
  kakirangan jalmi. Upami di Bandung mah nya damel di Tribun Jabar we. 
  Cuang cieung di Batam mah, seuseueurna urang Malayu sareng Jawa. Komo 
  di kantor mah, ngawangkong teh Basa Jawa we... Rada leneng oge, 
  padahal pun bojo ge urang Jawa. Cing sugan ari lebet deui ka Kusnet 
  mah, tiasa raos deui ngawangkong dina Basa Sunda.
  Saleresna mah seueur urang Sunda di Batam teh. Ngan teu munjul. Pami 
  teu lepat mah, sababara minggon kalangkung, kantos aya riung 
  mungpulung Paguyuban Urang Sunda di Batam, sakantenan milih pupuhu. 
  Nya, lumayanlah Urang Sunda aya oge aktivitasna di Batam. 
  Sakitu heula, sanes kirang hapunten. Bilih aya miliser Urang Sunda nu 
  di Batam, tiasa kontak-kontak.. 
  Hatur nuhun
  Cag
  Machmud (Mac)



   

Reply via email to