Asswrwb baraya,-
   
  Leres pisan tah geuning aya wargi anu nyokong yeuh, nuhun ah, tadi mah meni 
panas nyongkab; naha eta jalmi wantun kitu? Kuring nyukcruk sakabisa wae, anu 
ngamajukeun bangsa teh ukurannana sanes suku, anu biasa mah da Prestasi bangsa 
mangrupi GNP atanapi GDP. Teras upami dikaitkeun sareng prestasi satiap jalmi 
sok ngangge jumpah pendudukna, dibagi wae GNP teh ka Pendudukna, jadi weh 
prestasi rata-rata. Anu ageung disebat kaya, anu nambihan ti tahun ka tahun 
disebatna majeng. Eta ukuran anu diangge di dunia ti baheula malih tog dugi ka 
ayeuna oge. Teu pilih2 bangsa.
   
  Masalahna kumaha eta ukuran teh tiasa majeng, tetep atanapi mundur? Logika 
wae heula, upami di urang palay majeng, hindarkeun sarupaning bocor-bocor. naha 
anu ngadamelna ngirangan sapertos di Eropah, negara2 majeng lah, oge nu caket 
nagara Singapur. Apan masalah gara2 pendudukna teu tariasaeun ngadamel orok, 
generasina ngirangan malih anu sarepuh nu nyeueuran teh da paranjang suswa 
alias sarehat. Mangga taros bae kanu sok jalan2 ka dinya supir2 taxi teh tos 
sarepuh.supir beus tingkat oge ku ibu2.  Bocor kusabab dipaling sapertos di 
Indonesia, oge diurang teh sadar teu sadar kualitas penduduk teh dirongrong ku 
zat anu disebat narkoba. Sigahna batur teh ngahaja sieuneun urang maju? Tah 
Bocor2 eta nu kedah teu aya.
   
   Dina palebah jumlah penduduk di urang mah sanes sapertos di nagara maju, 
orok teh gampil pisan nambihan unggal dinten. Tapi kujalaran teu saimbang 
sareng nambihanana lowongan damel, atuh orok2 teh kirang gizi da ibuna pakepuk 
wae ngurus orok sareng raka2na, sedengkeun bapana milari rejeki teh hese 
kacida.Nyakitu tea teu saimbangna lowongan padamelan sareng anu milarian 
padamelan, jadi weh seueur anu ngalanggur. atuh kadituna prestasi bangsa teh 
turun alias teu majeng. Sanes seler/suku, ieu mah teu wilah2 suku naon atanapi 
bangsa naon oge upami kajantena sapertos kitu ya tangtos mundur prestasina.
   
  Sigahna mang Zaim Uhcrowi teh sang wartawan nuju lieur, punten da kuring maos 
ping 18 di detik.com anjeuna ditolak ku menteri agama teu ditampi janten "agen" 
nu milarian panganjrekan jamah haji 2007. Anu ditampi teh Alif/ Afif, mangga 
wae para wargi aos kuanjeun, pilari dina indek heula. Sigahna deui kumargi 
wartawan senior, malih kantos janten pupuhu Republika, seratan naon oge lebet 
wae, da redakturna sieuneun kitu?.
   
  Padahal teu sesah kalawan haneut keneh pisan, bahas bae "faktor2",(naon atuh 
basa sundana nya?) anu matak ngaruntagkeun prestasi bangsa alias bangsa 
Indonesia teh teu maju wae?Kuring maca masih dina detik.com  keneh (3/5/2007) 
eta jumlah artos bangsa Indonesia, anu dipaling  ku 8 penjahat jumlah artosna 
upami digaleuhkeun kana Innova enggal anu 200 jutaan, panjangna satebih 
Bandung-Jogyakarta? dahsyat kacida. Upami digaleuhkeun kana kurupuk mah 
kahartos. Eta kakara ku 8 urang, komo upami langkung, sapertos dinasitus anu 
sami ((8/5/2007)  cenah 15 maling, malih ICW mah nyebatkeun langkung ti 15. Tah 
eta kan jelas artosna dicandak kaluar nagar (Singapur), nya digaleuhkeunana mah 
di Singapur, CHina, disimpen  di Swiss, Hongkong, boa2 malah ditambutkeun ka 
Indonesia,anu tang tos direntenan. lamina 30-40 tahun? 
   
  Dina ilmu ekonomi upami artos digolangkeun (investasi) di hiji tempat, 
pangaruhna khususna kana lowongan padamelan tangtos di eta tempat. Ari di 
Indonesia tibaralik, nu kirang lowongan padamelan teh urang, tapi ngagolangkeun 
artos di luar nagara? atuh pantes bae pangangur bangsa Indonesia ngudag 
padamelanana ka luar nagara. Atuh da anu aya di Indonesia oge diicalan 
pausahaan2 teh ka bangsa deungeun, atuh dina majengna teh dikerid wae ka 
nagarana, sapertos tambang emas di Irian, satelit urang oge hampir satengahna 
diical ka Singapur, Malaysia, negara Eropah, jadi katurug katutuh Indonesia 
teh. Dipalingna kusaha? anu aya diicalna kusaha?  Anu jelas pamarentah urang 
teu tiasaeun ngurus anu aya oge (Rel KA mana anu anyar? masih keneh panjang 
jaman Balanda?), kumo lamun jigah jepang nyiptakeun anu teu aya janten sanes 
aya hungkul malih janten kaya.      

  Sanes suku/seler anu ngajantenkeun bangsa Indonesia teu majeng teh, upami 
keukeuh bade ngalebetkeun faktor eta, mana atuh hasil panalungtikanana? damel 
ukuran anyar? moal aya anu nyempad asal faktual, asup akal jeung aya dasar.  
Mungkin oge kuring tiasa mairan dina pasualan seler jawa sareng sunda anu cenah 
70% ti sadaya bangsa Indonesia, Faktor tadi dilemahkeun kualitas pendudukna 
kucara diparaban zat haram, sarupaning ganja, ekstasi, morfine, jeung sajabana; 
kusaha?, kuring maca oge, kuseler lain urang jawa jeung sunda.Ari anu jadi 
tujuanana(korbana) nyaeta penduduk umur produktip. Jadi weh generasi teh 
laloyo, budeg, embung dialajar, anu puguh jadi masalah masyarakat, beban 
kaluarga jeung nagara. Mangga paluruh sabaraha artos kanggo nahan hirup wae eta 
korban2, mubdzir . 
   
  Ditambah deui ku budaya asing hirup bebas, dijieun otak2 barudak teh sigah 
hirup selebrities di nagara Amrik, padahal kaayaan ekonomi sigah di Afrika. 
Atuh istilah ekonomi mah "demontration effect", loba negatipna tibatan 
positipna, niru2 pola hirup mewah padahal gawe ge teu boga, kilang bara cukup. 
ari otak mewah. Kadituna nganjuk ngahutang, nipu, ngarampog. Tah anu kitu tea 
anu dituju ku batur supaya Indonesia teu maju wae. Ganja tuh ti Aceh, atuh 
narkoba sanesna seler ti palebah china, mungkin bangsana mah Singapur, 
Hongkong, Malaysia, anu pasti selerna Cina. 
   
  Pasti didukung ku ahli2 anu kagungan kakuasaan, diantawisna ahli hukum. saha 
tah ahli hukum anu paling seueur di Indonesia?, rarasan kuring lain urang jawa 
jeng sunda?. Widang hukum di Indonesia moal aya anu ngabantah anu paling 
moyodok di dunia, sabab maling2 tadi oge dibarelaan, anu jelas dihum wae bisa 
kaluar kualasa gering rek uubar ka jepang, Singapur lah, ujung2na kabur mabur. 
Mungkin anu ngarojong, malah malingna oge aya urang jawa sareng urang sunda, 
tapi ningali  tina jumlah anu dipalingna seler lain paling ageung. Upami 
dirumuskeun dina wujud persamaan tiasa wae;
   
  GNP= Hasil tatanen+ hasil Icalan+hasil Jasa+Hasil Pabrik2+ (suku/seler)?+ 
.......+ (naon deui atuh ?) 
              mangga nyanggakeun.
   
  Sakitu heula, baktosna aki tams.
  
ncep tribun <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Nyambung he he.....(jadi panasaran atuda ari maca tulisan goreng 
alias deet teh he he...siga tulisan zaim)
  Sigana, lebah nulis esey mah, atanapi kolom, mang zaim uhcrawi teh kudu 
diajar deui ka wa sasmita.........mun hoyongh nulis novel........diajar kituh 
ka mang jamal...
  


      Recent Activity
    
      9
  New Members

Visit Your Group 
  SPONSORED LINKS
      
   Culture change  
   Corporate culture  
   Cell culture  
   Organization culture  
   Tissue culture

      Yahoo! Mail
  You're invited!
  Try the all-new
  Yahoo! Mail Beta

    New web site?
  Drive traffic now.
  Get your business
  on Yahoo! search.

    Y! Messenger
  Quick file sharing
  Send up to 1GB of
  files in an IM.



  .

 
         

       
---------------------------------
Luggage? GPS? Comic books? 
Check out fitting  gifts for grads at Yahoo! Search.

Reply via email to