Sigana mah, bisnis pulsa cocog kanggo anjeuna. Kumargi anjeuna mah seueur 
pisan rerencanganna. Upami wawanohan sareng jalmi, enggal pisan raketna teh. 
Manawi anjeuna minat, kumaha carana, sabaraha modalna? 

    ----- Original Message ----- 
    From: K7/P1 
    To: urangsunda@yahoogroups.com 
    Sent: Wednesday, May 16, 2007 5:55 PM
    Subject: Re: [Urang Sunda] peryogi padamelan kanggo pun adi


    pami kersa binis pulsa, mangga mangpaatkeun network, sadaya organisasi di 
suplly, mahasiswa, dll. 



    On 5/16/07, Tatang Sariman < [EMAIL PROTECTED]> wrote: 
      Kumargi nuju kuliah damelna kedah mandiri, ari istri mah tangtos tiasa 
masak? kumaha upami ngadamelan nasi kuning kanggo sarapan renrencangan di 
kosan, atanapi kanggo karyawan sareng dosen di lingkungan UPI, atanapi 
ngadamelan kueh, pisang goreng, sareng sajabina. Kanggo modal kerjana mah tiasa 
diusahakeun. Eta padamelan mung sakadar samentawis bae, engke upami tamat 
diajar teras dianggkat janten ibu Guru sigahna aya gajih. Kitu bongbolongan ti 
aki tams. Anu penting sakola ulah bantut gara-gara teu aya artos, padahal 
kagungan potensi, mangpaatkeun eta potensi sing janten nyata. Bekel anu utami 
niatan urang milari kasab, sabab Alloh SWT moal mungkin teu ngarijkian sadaya 
makhlukna. Urang mah mung wajib ikhtiar, hasilna sanggakeun ka anu Maha Ngatur, 
Insya Alloh tiasa tinekanan anu dipimaksad, aamiin. Mhs aki di Msia oge seuedur 
anu icalan sapertos kitu,alhamdulillah. Ongkoh ari di Msia mah khususna mhs UTM 
aya waktos libur semester 3 sasih, waktos eta anu dimangpaatkeun usaha kitu, 
naha di pasar malam, ngasong ka kantor2, aya anu ngadamel di grai makan (gajina 
RM3.0 per jam./part time) = - + Rp 7.500.00/jam. kan sepuhna kabantos. anu 
dilayanna oge rerencangan sa kampus, teu aya nu nyebat isin. Emut nya gengsi 
dina usaha halal teh ngahambat kamajengan. Sok cobi heula sing leres-leres 
ngoreh rejeki urang anu pasti dipasihanana, mung ageung sareng alitna urang teu 
tiasa mastikeun. Usaha naon bae teu aya anu jleg ageung, hartosna cobi ku modal 
anu kabedag heula, upami tos aya irongan majeung, modal mah tiasa dibantos, 
tong salempang. 

      Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

        Sim kuring ngagaduhan rai istri nu nuju kulaih keneh di UPI, Bandung. 
Ayeuna anjeuna tos dugi ka semester 9. Dina saminggon, kuliahna mung dua 
dinten. Ayeuna anjeuna nuju peryogi pisan padamelan nu tiasa nambihan kanggo 
waragad kuliah, ngontrak kamar, ungkas-ongkos, sareng katuangan. Anjeuna ayeuna 
nuju muter otak sangkan teu gumantung ka pun biang sareng pun bapak nu yuswana 
tos dugi ka 70an…Manawi aya nu kersa masihan bongbolongan nu mangrupikeun 
useup, sanes lauk… diantos pisan. 

         





--------------------------------------------------------------------------
      Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! 
TV. 





    -- 
    ::ri_1::
    Hompage : http://inawan.blogspot.com
                     http://inawan.blogs.friendster.com 
    Mobile     : +62-818-109410
    www.urang-sunda.or.id.
    su.wikipedia.org
    urangsunda@yahoogroups.com 
    [EMAIL PROTECTED]
    urangtasik.multiply.com
    inawan.multiply.com 

     

 

Kirim email ke