kang asep, rada teu ngarti uing mah, naha kunaon pangna salira nepi ka
sedih sarta keuheul sagala, dumeh seni sunda dipidangkeun di lembur
tatangga. uing mah malah reueus, yen kreasi urang sunda dipikaresep ku
 komunitas nagri sejen. asa pamohalan dina acara jiga kitu, upama
panitia nepi ka kudu ngabejaan ka balarea yen eta teh kreasi seni asal
indonesia. asana di urang oge lumrah, dina acara naon wae, sok remen
midangkeun kreasi seni deungeun. asa can ngadenge, urang deungeun 
nepi ka protes dumeh kreasi senina dipidangkeun di lembur urang. (mh)

--- In urangsunda@yahoogroups.com, Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Assalamualaikum wr. wb.,
> 
> 
>     Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku
International Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei 2007
pas pribados sareng delegasi Indonesia sanesna nuju aya di Kuala
Lumpur ngahadiran acara pangeling-ngeling (celebration) poe masyarakat
informasi sadunya nu digagas ku ITU.
> 
> 
>     Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI)
Malaysia. Aya anu pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh kumargi
kacapi suling dijantenkeun latar padesaan di Malaysia. Bu A. S. Soeria
Atmadja nu jenten pupuhu delegasi waktos harita oge sedih sareng
keuheul ku tingkah polah Malaysia sapertos kitu.
> 
> 
> Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir kumargi
kirang resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah hadir. Enjingna
anjeunna cacarios cenah dina acara dinner teh dipintonkeun tari Sunda
kalayan anu ngibingna oge lengkep nganggo anggoan Sunda kalebet bendo.
Saur anjeunna, Malaysia henteu ngumumkeun eta ibing teh milik
Indonesia. Eta anu jenten sabab-musabab anjeunna tambih keuheul.
Waktos bu A. S. naroskeun ka panata calagra naha Malaysia mintonkeun
seni anu sanes has Malayu, diwaaler cenah eta teh mangrupi seni
kontemporer di Malaysia.
>    
>   Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah
digembar-gembor ka mancanagara, malah ku nagri deungeun dipintonkeun
ka dunya internasional sabari henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
>                                     
>   Wassalam,
>   Asep


Reply via email to