Leres pisan aki Tams, abdi oge heran Malaysia kadieunakeun teh tingkah polehna 
rada tojaiah. Ngakuna bangsa sarumpun, tapi sok uka-aku milik anu diaku sabage 
dulur.

Kaleresan ti KBRI Malaysia hadir oge kang Eka Suripto (urang Sunda ti Cirebon 
upami henteu lepat mah).

Hadir oge dina acara anu dimaksad teh 2 urang Telkom nyaeta kang Randi Permana 
(urang Bandung) sareng pa Isworo (duka urang mana kawitna, ti Jawa panginten, 
tapi kantos nyarios nganggo basa Sunda).

Salamna,
Asep



Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Alaikum salam wr.wb,- 
   
  Alhamdulillah sim kuring sareng rerencangan anu sami-sami ti Indonesia oge 
sami-sami urang Sunda, pamohalan diulem (dijemput), da puguh terang oge nembe 
maos surelek ieu. Acara sarupaning kitu biasana gegeden KBRI sigahna diulem 
ngaluuhan. Masia teh ari di Universiti anu aki tams terang mah paling teu 
kenging malih diharamkeun anu kasebat 'Plagiat" kitu teh. Da eta we dina satiap 
amaran ujian teh di kaca paling payun eusina larangan mahasiswa anu disebat 
plagiat tadi, upami kapendak mhs ngalakukeun sarupaning kitu, atanapi 'nyontek' 
, tiasa janten semester eta digantung, anu hartosna dibatalkeun.  
   
  Nanging rada aneh dina prak-prakan hirup kumbuh jeung tatangga sapertos 
mintonkeun kasenian nagara sanes bari teu nyebatkeun yen eta seni teh anu 
deungeun2, dilakukeun; asa kasebelan, tojaiah sareng anu tadi, teu mere conto 
anu sae. Kedahna aya protes ti pihak Indonesia, dina  hal ieu ti KBRI we heula 
cing kumaha sikap Msia dina kalakuan anu teu patut eta. 
   
  Memang kuring nguping, Angklung urang oge tos dipatenkeun ku si Msia teh, 
sigahna bae anu sanesna oge engke kahareup sigah kitu bae. Kuring sacara 
pribadi ningal kasenian sorangan dipintonkeun diforum dunia, nya sukur 
alhamdulillah, tapi kudu jelas disebatkeun sumberna. Muga2 wae nagara sejen 
ngamaklum, yen eta seni teh memang seni sanes ti Msia, margi urang oge sering 
konser ka mancanagara. 
   
  Atuh kadituna langkung sae sagala milik urang teh dipatenkeun, supados teu 
kajantenan sapertos nasib tempe dipatenkeun ku Jepang, atuh Angklung 
dipatenkeun ku Msia. 

Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        Assalamualaikum wr. wb.,
  

  Ping 17 Mei dijantenkeun WORLD INFORMATION SOCIETY DAY ku International 
Telecommunication Union (ITU). Kemis ping 17 Mei 2007 pas pribados sareng 
delegasi Indonesia sanesna nuju aya di Kuala Lumpur ngahadiran acara 
pangeling-ngeling (celebration) poe masyarakat informasi sadunya  nu digagas ku 
ITU.
  

  Acara eta diselapan pesan video Program Desa Internet (PDI) Malaysia. Aya anu 
pikakeuheuleun dina tayangan video eta teh kumargi kacapi suling dijantenkeun 
latar padesaan di Malaysia. Bu A. S. Soeria Atmadja nu jenten pupuhu delegasi 
waktos harita oge sedih sareng keuheul ku tingkah polah Malaysia sapertos kitu.
  

  Wengina aya acara farewell dinner. Pribados mah henteu hadir kumargi kirang 
resep kana acara-acara dinner teh. Bu A. S. mah hadir. Enjingna anjeunna 
cacarios cenah dina acara dinner teh dipintonkeun tari Sunda kalayan anu 
ngibingna oge lengkep nganggo anggoan Sunda kalebet bendo. Saur anjeunna, 
Malaysia henteu ngumumkeun eta ibing teh milik Indonesia. Eta anu jenten 
sabab-musabab anjeunna tambih keuheul. Waktos bu A. S. naroskeun ka panata 
calagra naha Malaysia mintonkeun seni anu sanes has Malayu, diwaaler cenah eta 
teh mangrupi seni kontemporer di Malaysia.
  
  Deudeuh teuing Kacapi Suling, ku Endonesa henteu pernah digembar-gembor ka 
mancanagara, malah ku nagri deungeun  dipintonkeun ka dunya internasional 
sabari henteu dijelaskeun yen eta teh budaya Sunda.
                                    
  Wassalam,
  Asep
    
---------------------------------
  Be a better Globetrotter. Get better travel answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out.   




   

---------------------------------
 Don't get soaked.  Take a quick peak at the forecast 
 with theYahoo! Search weather shortcut.
     
                       

       
---------------------------------
Got a little couch potato? 
Check out fun summer activities for kids.

Kirim email ke