Gagasan awalna teh hoyong aya kaca ramat anu eusina sajarah karajaan-karajaan 
di Tatar Sunda sajalan sareng bahan anu dipaparin ti kang Budi Hanurawan. (Dugi 
ka ayeuna masih panasaran kumaha kang Budi tiasa dugi terang email sim kuring 
upami anjeuna sanes anggota Kusnet). Pas lebet ka wiki kenging lahan kosong di 
URL http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdom_of_Sunda (upami teu lepat dumasar kana 
pituduh kang Kumincir tiasa dugi ka lahan kosong eta teh).  Ningali judul URL 
eta, asa henteu pas upami nyerat riwayat-riwayat karajaan Sunda teh kumargi 
target URL-na Kingdom of Sunda (tunggal) sanes Kingdoms of Sunda (jamak). Tapi 
upami URL eta dieusi sajarah Karajaan Sunda hungkul, sami henteu pas oge 
kumargi anu pas mah upami nami URL-na: http://en.wikipedia.org/wiki/Sunda 
Kingdom atanapi http://en.wikipedia.org/wiki/Sunda
   
  Saayeunaeun, eta lahan teh dieusi ku sajarah karajaan-karajaan di Tatar Sunda 
kawit ti Salakanagara, Tarumanagara, Sunda (Sunda-Galuh) dugi ka Pajajaran. 
Mung penekanannana kana karajaan Sunda. Sareng samentawis karajaan Sunda 
ditarjamahkeun janten Kingdom of Sunda sajalan sareng nami URL-na. Tapi upami 
aya usulan karajaan Sunda ditarjamahkeun janten Sunda Kingdom atanapi singketna 
Sunda atanapi usulan sanesna, mangga teh teuing bade ditampi da gampil kantun 
ngaedit eusi eta kaca ramat.


Atanapi kumaha upami nami URL di wikipedia dirobah naha urang gaduh kawenangan 
ngarobah namina. Upami tiasa mah, dirobah janten 
http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdoms of Sunda.


Salamna,
Asep




kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Kang Asep, 
kuring boga kapanasaran sakedik. Dupi nu dimaksud ku judul 'Kingdom of Sunda' 
teh karajaan-karajaan urang Sunda atawa Karajaan Sunda?


On 5/21/07,  Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                           
         Sajarah karajaan Sunda parantos rengse diserat ping 20 Mei kamari  di 
http://en.wikipedia.org/wiki/Kingdom_of_Sunda , kalebet sakedik info ngeunaan 
Prabu Wangi anu palastar di palagan Bubat.






 
     
                       

       
---------------------------------
You snooze, you lose. Get messages ASAP with AutoCheck
 in the all-new Yahoo! Mail Beta. 

Kirim email ke