Pami numutkeun pangalaman ceu roro sareng numutkeun pangalaman abi 
sadidinten, kalimat "kumaha engke" aya sisi negatif jeung sisi 
positifna. Sabalikna kalimat "engke kumaha" oge aya positif jeung 
negatifna. 



Neng Iva

--- In [email protected], "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
>
> Tungtungna ku kuring diidinan. Moal enya kudu dihalang-halang? Pan 
ceuk kolot oge, nu ngarana jodo, pati, bagja jeung cilaka étamah 
urusan Pangéran. Saha waé nu geus tandang nyandang kahayang 
kawin*prung! Tapi kuring méré syarat, meunang kawin asal  kuliah 
kudu bérés, da asa boga hutang tanggung jawab ka bapa kuring. 
Alhamdulilah, bari bubureuyeungan manéhna nuluykeun kuliah. Bari 
ngangais budak, manéhna diwisuda. 
> 
> Geus nyangking gelasr Sarjana, manéhna pindah ngilu ka salakina nu 
dines di Magetan. Mimiti deui geus "élékésékéng" hayang nuluykeun ka 
Sakola Perwira. Tapi hanyakal tong boro sakola biasa, najan sakola 
dines nu dibiayaan ku pamaréntah gé angger TTG (Sundana UUD) 
TungTungna Duit deui waé* baroraah boga duit gedé, gajihna gé tutup 
liang, ngagali deui liang heheh.
> 
> "Cik pangnéangkeun jumlah mentri aya sabaraha? Menko aya sabaraha? 
Da, diganti-ganti waé mentri téh! Korban Tsunami Acéh sabaraha 
urang? Mun teu apal téangan di ramatloka, buru kuring ujian jam 8 
isuk!" Aya SMS asup ti adi kuring. Harrrr*ieu téh nanahaonan teu 
puguh-puguh nanya nu kararitu ciga budak sakola waé?
> 
> Teu lila mucunghul deui SMS di HP kuring*
> "Ceu du'akeun nya kuring keur di Surabaya miluan tes Perwira, 
kumaha engké waé biayanamah, nu penting asup heula*paling-paling ogé 
dibalikeun deui ka kantor mun teu lulus mah". Dasar budak nékad! Jam 
06.00 isuk kuring geus cinutrung di warnet langsung sosorodotan di 
ramatloka néangan jawabanana meunang di wikipedia. 
> 
> Kuring ngan saukur nyambung du'a, da rék ngabantuan ogé teu bisa 
walakaya. Saminggu ti harita manéhna geus aya di Megamendung-
Sukabumi, lulus, teu make duit saeutik-eutik acan da rengking 1 di 
wewengkon Jawa Timur, Alhamdulillah*nuhun Gusti!
> Sanajan asupna teu make duit, tapi ongkos jeung sagala rupa butuh 
duit pan? Kukuring diSMS, jawabanana téh,"Ngajual motor hehehe*"
> 
> Mimiti panggih jeung kuring di Bandung basa keur Ijin Berlibur, 
manéhna ngomong,"Ceu, aya nu ngagoléran duit 100 juta keur nukeuran 
sakola kuring, da manéhna hayang jadi Perwira tapi teu lulus. 
Tadinamah arék, tapi dipikir-pikir nyaah meunang hésé capé nguteuk 
euy*" Harita kénéh manéhna ngomong deui,"Ah, rék ngaluhuran si Bapa, 
nuluykeun deui ka S2 langsung ka Sekolah Lanjutan Perwira, kumaha 
engké waé duitnamah*paling-paling*" teu dituluykeun, da ku kuring 
kaburu ditempas mantén,"Gandéng siah! nu ieu gé can anggeus, ni 
kabina-bina teuing hirup téh..mun ngarénghap heula geura!*".
> 
> Sakapeung kuring reueus ka tékad jeung cara mikir manéhna, sagala 
bisa kasampeur : akherat, dines, sakola jeung rumah tangga. Tapi 
rada hariwang ogé mun nepi ka cita-citana teu kahontal, cigana éta 
nu diaranan "Seni Hirup" kaselempek ku cita-cita. Hanjakal, sanajan 
saindung sabapa, adi patuturun hulu, kuring teu sarua pasipatanana 
ciga manéhna, kuring mah épés méér, loba kasieun, boga prinsip : 
engké kumaha? Loba mikir dibulak balik dibeuweung diutahkeun*yaksss!
> 
> TAMAT.
> 
> Euh, dongéngna séép pamiarsa, dicekapkeun dugi kadieu heula 
ngeunaan falsafah "kumaha engké". Hapunten meuni ngagebay dugi ka 4 
babak, étang-étang latihan ngadamel carbung. Geuning teu sadayana 
awon kumaha engke teh, gumantung kana niat sareng masalah nu 
dipayunan ku urang. Mugia aya mangpaatna.
> 
> haturnuhun,
> ro2
>


Kirim email ke