kang hadi oge kang asep lan baraya sajagat lianna kuring asa bungah ngilu aub sanajan jadi nu lalajo wungkul dina eta kagiatan. di eta kbs, kuring bungah kacida. peuting eta pisan munggaran, ngalelentuk, ningali jeung ngadengekeun si juru pantun (bah ucup, juru pantun jasinga) maos pantun jeung metik kacapi. pantun nu diaos, carita mundinglaya. ngan ari kudu ngadadarkeun kumaha caritana mah asa teu bisa, salian cara maosna asa pabeulit (loba balik deuina) oge da bari direujeungan ku sakadang tunduh. tapi pujisukurkaGusti, bari jeung nundutan ge tamat ;)) nepi ka jam hiji janari.. ngan aya kabingung kuring, si abah teu make rajah pamuka saacan asup ka carita utamana... tah ka nu apal mah kuring meredih we pangnyaangankeun... naha teu nanaon upama kitu?
ieu mah ukur hayang nyalabarkeun beja sapotong, da ari pereleanna mah teu apal. ke dina tanggal 13 juni di eta kampung bakal diayakeun diskusi deui. cenahna mah bari sakalian softlaunching (sunda?) sakitu ti kuring ckkk On 5/27/07, hadi darajat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Leres pisan, malahan kamari teh ari duskusi sareng inohong-inohong urang sunda sareng wengina, malem minggu KBS mintonkeun kasenian sunda diantawisna jaipongan sareng pantun sunda buhun, di ngawitan tabuh sawelas dugi ka tabuh tilu subuh. --- Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED] <aschevetea%40yahoo.com>> wrote: > Para wargi sadaya, > > > Aya warta dina Kompas dinten minggu ping 27 Mei 2007 > ieu ngeunaan Kampung Budaya Sindangbarang (KBS) anu ___
-- ckkk cangkakak di leuweung injuk talina dihakan dibeuweung hitut jadina

