Catetan Sindangbarang 26 Mei 2007
   
  Balada Pantunis Sajati
   
  Dibere judul Balada Pantunis Sajati teh kusabab si kuring ngarasa takjub ka 
aki-aki anu tetep eksis ngalakonkeun cerita pantun. LUAR BIASA!
   
  Si Aki anu biasa disebut Abah Ucup ieu teh dumukna di hiji titik pinggiran 
Kabupaten Bogor. Hirup nunggelis teu boga anak, teu boga dulur, teu boga kadang 
baraya. Ceuk ceunah mah, ayeuna si aki teh ngilu numpang di imah tatanggana. 
Emh~{!-~}.karunya pisan si Aki teh. Padahal mah ceuk beja mah Abah Ucup teh  
juru pantun Sunda pangkolotna di kota Bogor, jeung lamun anjeunna tilar dunya 
tradisi mantun di Bogor teh bakal leungit.
   
  Ieu Pantunis sajati teh teu ngawariskeun elmuna ka antragan sahandapeunana, 
duka naon alasanana pangna si abah teu ngawariskeun elmuna. Ceuk beja mah aya 
sababaraha dugaan ngeunaan cara ngawariskeun elmu pantun. Konon pantun 
diwariskeun ka anak si pantunis. Ngan lamun si iue anak teh dianggap teu 
mampuh, si pantunis moal ngawariskeun ka eta anak. Bisa oge pantun teh 
diwariskeun ku pantunis ka jelema sejen anu eweuh hubungan kulawarga jeung 
manehna. Ngan tangtu wae dina ngawariskeun elmuna ka jelema sejen teh, si 
pantunis boga sababaraha tinimbangan. Bener-bener proses anu teu 
gampang~{!-~}..LUAR BIASA!
   
  Si kuring datang ka Sindangbarang dina tanggal 26 Mei 2007 bari mawa pesenan 
ti Kang Mumu pikeun ngarekam pantun Sunda anu diduga rek punah. Teu kasawang 
samemehna, di kampung adat Sindangbarang nu bakal diresmikeun bulan Juni 2007, 
si kuring papanggih jeung sababaraha urang jelema anyar nu ceuk si kuring mah 
eta jelema teh ibarat mutiara mustika anu moncorong di tatar Sunda. Tapi saha 
eta mutiara-mutiara teh bakal dicaritakeun ku si kuring saenggeus si kuring 
nulis ngeunaan si Abah Ucup, si Pantunis Sajati nu salawasna kukuh pengkuh 
mantun nepi ka ahir jaman. Tabah sampai akhir. LUAR BIASA!
   
  Abah Ucup anu geus kolot pisan teh, tos ompong, huntuna teu nyesa hiji-hiji 
acan. Tapi ari ngalinting rokok mah masih sumangat keneh. Waktu mantun si Abah 
teh make totopong coklat-hideung, dikacamata riben, make setelan jas hideung. 
Trendi pisan. LUAR BIASA!
   
  Hanjakal pisan, nu lalajo si abah mantun teh teu leuwih ti 20 urang. Nu 
lalajo nu tadina ngagimbung bari molotot nempo nu gual-geol nari jeung 
ngagondang teh, dak dumadak leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, teuing 
kamarana~{!-~}
  Nu pasti mah nu lalajo si Abah teh beuki lila beuki ngorotan, tina 20 jadi 
10, tina 10 jadi 4, kaasup si kuring pastina. Hehehe~{!-~}.
   
  Jujur, si kuring bisa tetep di sisi panggung nepi ka rengse pantun teh 
kusabab doping kopi ti Pak Maki jeung aya geng leutik ti FIB UI jeung kang dedy 
(kecapis ti STSI) jeung kang Nata ti bandung batur ngawangkong ngeunaan 
banalitas sapopoe, ngalor-ngidul ngomongkeun eksistensialisme, komunisme, 
ateisme, kesadaran diri, sonoritas, musik kontemporer nepi ka tafsir 
mimpi~{!-~}.eta teh dilakukeun salila si Abah mantun. Tapi kadang-kadang si 
kuring sareng babaturan merhatikeun si Abah mantun bari jeung ngarasa takjub ku 
parigelna si Abah metik kacapi. LUAR BIASA!
   
  12.30 liwat tengah peuting, si kuring ninggalkeun geng leutik anu keur 
rame-ramena madungdengkeun kasaimbangan notasi musik jeung alam. Bari sibuk 
ngaganti kaset minidv, si kuring terus tumanya ka not-not nu kaluar ti alunan 
kacapi Abah, saha sih si Abah Ucup teh? Kumaha kamekaran karirna salaku 
pantunis? Kumaha nu lalajo (pantuners) ngapresiasi pantun manehna? Kumaha 
kahirupan sapopoe neupi ka geus kolot siga kieu? Naon rencanana keur pantun 
dina waktu nu bakal datang? Naon kahayangna, cita-citana nu can kacumponan? 
Naon harepanana kana carita pantun Sunda? Naha masih aya keneh nu haying 
dilakukeun ku manehna? Naon usaha-usaha anu terkait keur melestarikeun jeung 
majukeun pantun Sunda kususna, kasenian Sunda umumna? Duka teuing~{!-~}.eta mah 
ngan saukur pananya-pananya nu kapikir ku si kuring tapi can kungsi 
kakedalkeun. Bisa jadi hiji mangsa aya nu bisa ngajawab eta pananya~{!-~}.bisa 
jadi oge~{!-!-~}.LUAR BIASA!
   
  
  salam, 
  agni
   
  mohon maap kalau ada kesalahan berbahasa, 
  saya agak kurang prigel menuliskan kata-kata 
  terjemahan dari kang Mumu
   
  PS: punten pisan euy, masih nyambung sebenerna, 
  Masih dalam proses diterjemahkan dan diselaraskan ku
  Kang Mumu
   
  DUDU: Buat kang Mumu, 
  Hatur tengkyuh sudah mengalihbasakeun
  tulisan sayah ini. Jasamu abadi, Kang. 


<embed src="http://images.multiply.com/multiply/horizontal-headshot-badge.swf"; 
type="application/x-
       
---------------------------------
Luggage? GPS? Comic books? 
Check out fitting  gifts for grads at Yahoo! Search.

Kirim email ke