Cenah, urang Sunda teu pati resep jadi nu kumawasa oge teu resep popolitikan, naha bener kitu? Ieu aya dongeng soal karajaan Sumedang Larang baheula.
Cenah ceuk "Layang Darmaraja" , baheula nu kawasa di Sumedang Larang teh, Prabu Tajimalela nu gaduh putra dua urang : Prabu Lembu Agung jeung Prabu Gajah Agung. Ku Prabu Tajimalela dua putra ieu diserenan tugas, nu saurang jadi raja, nu saurang deui jadi patih. Hanjakal pisan dua-duana NOLAK JADI RAJA. Prabu Tajimalela jadi bingung putrana saurang oge teu daek jadi Raja. Nya anjeunna masihan ujian ka kadua putrana, sing saha NU ELEH dina eta ujian ieu kudu daek jadi Raja (jadi lain nu meunang!). Cara ngujina, dua putrana dititah angkat ka Gunung Nurmala, terus kudu ngajaga PEDANG jeung DUWEGAN. Kulantaran Prabu Agung halahab pisan .... kapaksa duwegan teh dipurak, caina dileueut. Prabu Agung dianggap ELEH, kulantaran kitu anjeunna jadi Raja Sumedang Larang. Bener henteuna ieu dongeng, nya duka teuing. Ngan nu jelas, urang Sunda teu pati beuki kakawasaan, geuning geus aya dongengna ti baheula keneh .... [Bahan : tina Wikipedia] Baktos, WALUYA

