Nuhun kana pangasih perihal sajarah tongo, saleresna pun anak / incu pada naros
naon cenah tongo teh? Ma' lum barudakna ngarota , hartosna kabawakeun ku tempat
hirup di kota, tara ulin ka kampung cara urang. Ayeuna aya penjelasanana. Anu
tumaros perihal di Astana anyar erwe sabaraha , upami dijelaskeun malah
nyoreang alam katukang ka taun 1956 / 57, harita dumuk di pun uwa guru ayeuna
tos pada almarhum / almarhumah, di totogan Jl CIateul, ibu Inggit masih aya
dikieuna, rorompok tos salin jinis ayeuna mah.
Wassalam DP.
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu mah tamba nineung bae kanggo Abah Jaka, nyanggakeun kintunan
heubeul karangan Kang Darpan guru basa Sunda di Garut Pakidulan.
Sajarah Tongo
NGENALKEUN, ngaran uing Tongo. Ku sobat nu dareuheus mah pada ngalandi Ongo.
Dilandi kitu teh lain pedah uing asal ti Kongo. Da asal-muasal mah ti Bandung
asli. Bapa ti Lembang, indung ti Cimahi, dipegarkeun di Ledeng. Poho deui
tanggal, bulan, jeung taunna mah. Ngan poena mun teu salah Saptu pasosore.
Apal poe Saptu teh pedah ceuk ema harita waktu Ongo dipegarkeun euweuh cakcak
nu biasa tingdaraplok dina tembok. Nandakeun eta cakcak teh keur marudik ka
lemburna sewang-sewangan.
Cakcak boga kabiasaan kitu teh lain euweuh sababna. Da cakcak di Ledeng mah
ngindung kana kabiasaan mahasiswa nu loba mukim di dinya. Mun mahasiswana resep
bobogohan, cakcak ge rea nu bobogohan. Mun mahasiswana resep diskusi, der
cakcak ge dariskusi. Mun mahasiswana sok parulang kampung, cakcak ge sok marilu
pulang kampung.
Ceuk ema keneh, cenah basa Ongo dilahirkeun teh keur krisis ekonomi. Rea je1ema
anu jaradi panonoban tango kakurangan gizi. Akibatna mangaruhan kana kahimpan
bangsa tango. Rek neangan cocoeun nu pelem ge jadi susah. Loba cocoeun mah,
ngan nya kitu, baregung kurang gizi. Nya harita loba kajadian demo teh. Lain
bae demo manusa, tapi demo tongo deuih. Loba tango anu protes ka sasama tango,
lantaran beuki rea tango anu dianggap teu boga moral jeung rarasaan. Salah
sahulu anu jadi tokoh gerakan tango harita nyaeta Tongo CDA (Cap Dua Anting) ti
Partai Tongo Demokratis Lembang (PTDL).
eta tokoh tango teh dina pidatona salawasna nekenkeun sangkan para tango boga
rasa katongoan. "Urang teh memang hirup tina getih cocoan. Tapi urang ge ulah
kamalinaan. Puguh manusa keur sakitu salangsarana, hayoh haben dicocoan. Di
mana rasa katongoan urang?"
Tapi ceuk ema mah Tongo CDA teh kalah tuluy dimarusuhan. Pangpangna ku golongan
tango konservatif nu diluluguan ku tango awewe nu ngaranna Watitong. Watitong
nyieun aliansi jeung bangsa tumbil, tuma, kutu ucing, malah jeung bangsa piteuk
sarta walangtaga anu sarua pada boga karesep kana cuca-coco. Watitong
ngadeklarasikeun hiji organisasi nu katelah "Piteuk Tongo Walangtaga".
Tujuanana merenahkeun deui kudrat tango jeung bangsa ekoparasit sejenna. Motto
organisasina "sakali nyoco, tetep nyoco". "Urang mah bangsa parasit, da kitu
kodrat ti Pangeranna oge. Lamun urang kudu siga manusa, ngagugulukeun rasa
katongoan, hartina urang geus ngarempak kodrat ti Pangeran," kitu di antara
pamadegan Watitong teh.
Demo dibales ku demo. Mun poe ieu nu demo teh balad-baladna Tongo CDA, isukna
dibales ku balad-baladna Watitong. Mun teu di tukang cukur, demona teh sok di
juru tempat kos-kosan, atawa di sirah ucing tempat matuhna kutu ucing. Tapi
lantaran Watitong mah rea baladna, antukna bisa ngabekem gerakan moral anu
diluluguan ku Tongo CDA. Tongo CDA-na sorangan antukna leungit sabada diculik
ku baladna Watitong. Bejana mah paeh disiksa ku bangsa tuma di kelek tukang
beca. Ti harita euweuh sahulu ge tango anu wani terang-terangan ngalawan
Watitong jeung balad-baladna.
Tah, jaman keur harengheng kitu uing gelar ka dunya teh. Munasabah lamun awak
uing ayeuna ngajangjawing ge, lantaran ti leuleutik kurang gizi. Tuda tong boro
manusa, dalah embe, sapi, jeung sabangsa ingon-mgon anu biasa jadi tempat matuh
bangsa tango jeung kutu ge, milu kabalerang ku kaayaan. Uing ge apan
dilahirkeun dina sirah pangarang Sunda anu nya begang nya panyakitan.
Saawak-awak geus pinuh ku kudis balas hayoh dicehcer dicarocoan ku bangsa
tango. Aya anu rada demplon, hese dideukeutanana, da biasana geus dicirian ku
tango sejen. Lamun urang wani-wani ngadeukeutan, siap-siap bae paeh saharita
lantaran pada nandasa. Kitu tah bakat ku werit-weritna jaman harita.
Tapi ayeuna mah geus aman deui jaman teh. Geus rea tango nu mala`mur deui. Uing
ge, sanajan awak ngajangjawing begang, ari tempat cicing mah kaitung subur:
dina punduk mahasiswi. Sanajan eta mahasiswi teh daharna jeung tahu deui tahu
deui, siga euweuh kadaharan sejen bae di alam dunya teh.
Lian ti eta arang mandi deuih, da jadi aktivis kampus. Tapi mun geus nyarita
siga nu enya. "Dosen urang teh cupet. Hayoh we bobogohan jeung mahasiswana.
Alesanana rupa-rupa. Pangmantuankeun ngabsen tea, pangmantuankeun kongres,
penataran, pameranââ¬Â¦..., Padahal aya nu dianjing cai. Nyaho lah uing ge.
Buayaââ¬Â¦..!!"pokna hiji mangsa.
Sakapeung uing teu ngarti, naha manehna nyarita kitu teh enya luyu jeung
kanyataan, atawa pedah manehna prustasi pedah teu dibogohan ku dosen siga
babaturanana anu sejen? Wallohu`alam, da uing mah tango.
Uing ge boga balad sapanyocoan. Di antarana Si Ila ti golongan tumbila, Si Uma
ti golongan tuma, jeung Si Utu ti golongan kutu ucing. Tepung jeung tiluanana
dina beda-beda situasi. Jeung Si Ila tepung waktu uing kursus nyoco di
palangkakan supir angkot.
Teuing saha ngaranna eta supir teh. Nu je1as beuki ka awewe jeung beuki ngebut.
Resep gapleh deuih. Mun teu salah mah kabogohna ge aya tujuh. Tapi mun geus
bobogohan teh sok bari pasea. Paseana sok tara ningali tempat, sakapeung di
hareupeun stasion, sakapeung deui di Cikapundung.
Waktu kursus, jeung Si Ila teh saangkatan. Uing nyokot spesialis nyoco gaya
romatik, Si Ila nyokot spesialis nyoco gaya ekspresionis. Nu matak manehna mah
mun nyoco teh sok sataker kebek, tapi gancang waregna. Ari uing mah laun, tapi
pageuh sarta lila, jeung bari kudu dibarengan ku penghayatan.
Ceuk ema mah, justru di dinya cenah senina nyoco teh.
Ari tepung jeung Si Uma? Beda deui eta mah lalakonna. Bisa disebutkeun teu
disangka-sangka nyobat jeung Si Uma mah. Lantaran uing jeung manehna teh
samemehna mah mumusuhan. Alatanana mah teu pira. Mun nyoco Si Umah mah sok bari
cocorowokan. Cara hiji mangsa waktu bareng cuca-coco di Dayeuhkolot,
jerit-jerit manehna cocorowokan bari nyocoan, "Goyang dombreeet!", "goyang
dombreeet...." cenah. Tah, waktu bareng cuca-coco di Cibeureum mah uing teu
kaampeuh ambek, da asa baribin jeung ngaganggu. Barang manehna calawak,
"...Goyang dombreeet!!., goyang dombreeet!!.." ngan habek-habek we ku uing
diteunggeulan. "Dombret-dombret tujuh puluh siah!" cekeng teh. Eh, teu
disangka-sangka manehna ngalawan. Habek malik neunggeul, nepi ka uing
ngajongkeng teu walakaya. Ngan barang manehna rek neunggeul deui, jorowok uing
ngajerit, "Goyang dombreeet!!!., goyang dombreeet!!!" Manehna teu jadi
neunggeul, kalah ngahuleng. Teu dinyana, manehna kalah tuluy ngajak sosobatan.
Nyobat we tuluyna mah.
Tah, mun jeung Si Utu mah rada aneh sosobatan teh. Harita teh uing diajakan ku
Si Ila ngahadiran ulang taun sobatna. Ulang taun bangsa tumbila mah lucu teh.
Mun di jelema aya tiup lilin, di bangsa tumbila mah aya tiup irung. Mun di
jelema aya nyanyanyian, di bangsa maranehna mah aya silih nyonyo. Lebah
tatanggapanana ge teu eleh ku bangsa manusa. Mun di manusa aya Surak Ibra, di
bangsa tumbila ge aya Surak Tumbila. Deukeut-deukeut kana surak Pramuka
prak-prakanana mah, ngan ku bangsa tumbila mah ditambahan ku heheotan bari
ngibing kukurilingan. Si Utu ge harita hadir di dinya. Saregep pisan manehna
mah waktu nyaksian pintonan surak tumbila teh.
Hiji mangsa kadenge manehna ngagerendeng, "Pantastis!" cenah. Kuring nanya ka
manehna, "Naon anu pantastis teh? Surak tumbila?". Manehna tuluy ngajawab, "Is
lain. Tuh itu nu pantastis teh, tumbiIa nu keur minton surak tumbila.
Pingpingna mani seksi kitu nya!!," cenah. Ku uing teu dijawab ieuh, sebel. Ari
sugan the naon. Ari singhoreng Si Utu teh memang tukang heureuy. Malah lantaran
beuki heureuy, manehna mah sok dipanggil ngalawak ku bangsa tuma atawa kutu
rambut. Mun geus ngalawak, da tuma atawa kutu teh bisa tingkelepek kapiuhan
atuh, bakat seeleun ku seuseurian. Malah bejana mah Si Utu kungsi boga grup
bodor. Ngaranna Shela on Seven, pedah anggotana aya tujuhan. Kadieunakeun uing
meunang beja, eta ngaran grup Si Utu teh dibajak ku bangsa manusa sarta dipake
pikeun ngaran grup band.
Antukna uing jeung Si Ila, Si Uma jeung Si Utu teh nyobat dalit pisan. Ka
mamana sok bareng. Mun keur euweuh gawe ngaradon gapleh di kelek Madhapi
tempatna Si Uma matuh. Atawa dina bujal artis dangdut tempat pangulinan Si Utu.
Kitu soteh lamun keur nyalse, da ari waktuna neangan dahareun mah sok
masing-masing, lantaran beda kabeuki jeung beda cara sarta gaya. Mun
dilegegkeun mah, beda tradisi. Tah kitu para hadirin sadaya, lalakon uing teh.
Ieu lalakon mugi jadi conto keur sakumna mahluk nu kumelip di ieu alam
patongoan.......****
Lalakon Tongo
HIJI mangsa Tongo inget ka dulur misanna: Tumbila, anu geus mangalam-alam teu
kungsi katepungan. Lantaran teu kuat nandangan kasono anu pohara, antukna Tongo
maksakeun nulis surat. Bubuhan Tongo jeung Tumbila kungsi nyobat dalit. Sobat
sapanyocoan. Ngan tuluy Tongo ngolesed ngajauhan.
Teu pira alesanana mah teu kuat ku bau Tumbila nu tujuh rupa. Kungsi Tongo
ngasonan usul, sangkan Tumbila uubar. Ngarah awak teu bau teuing. Disarankeun
meuli deodoran atawa jamu. eh, da teu digugu ku Tumbila teh. Basana teh, "Awak
bau mah alus deuleu, keur ciri has. Mun Siti Nurhaliza kasohor ku halimpu
sorana, sugan uing mah kasohor teh lantaran bau awak!" Teu majar kumaha Tongo
teh. Tongo antukna milih ngolesed. Ngan lain pedah cua ka Tumbila. Da dina hate
leutikna mah sok nineung ka sobatna. Buruk-buruk papan jati, sanajan bau,
Tumbila teh apan .... angger we bau.
Anu matak hiji mangsa mah Tongo teh maksakeun nulis surat. Demi eta surat
Tongo, kieu unina:
Ila, kumaha cageur? Inget ka Ongo? Piraku rek poho mah.
Sobat Ila geuning waktu urang diajar cuca-coco.
Nu rada kasep tea ning, sed saeutik ti Marcelino.
Atawa mun dipapandekeun ka artis Haliwud mah, Ongo teh meureun Tom Cruis nya.
Ila apal kumaha hirup Ongo ayeuna? Ongo teh ayeuna mah nunggul pinang.
Lieuk deungeun lieuk lain, jauh ka Cianjur-Cianjur acan. Kungsi kapikir ku Ongo
rek boga pamajikan, ngarah aya batur pakukumaha. Tapi ana dipikir-pikir deui
keueung Ongo teh, bisi ku pamajikan sorangan disapirakeun. Sok komo apan jaman
ayeuna mah loba kabejakeunana, loba mojang Tongo teu eucreug. Matre, ja`im. Ana
geus kawin beuki kana salingkuh. Anu matak keueung Ongo teh. Tapi mun haben
dipikiran deui ku Ongo, bet beda deui pikiran teh. Mun hayoh hirup
sosoranganan, asa kurang hade. Kitu apan saur Bang Oma dina lagu Bujangan oge.
Nilik kana umur mah Ongo teh geus manjing boga pamajikan. Atuh dina etaeun,
geus bala ayeuna mah. Kitu apan ceuk Si Utu oge. Ciri-cirina urang geus baleg
teh, bala lebah etaeunana cenah.
Lantaran kitu, Ongo teh antukna mah ngawani-wani maneh nyiar kabogoh. Loba
pangalam Ongo waktu neangan kabogoh teh.
Hiji mangsa tepung jeung Tongo bikang di Terminal Ledeng. edasss Ila, ku
geulisna. Pangawakan leutik buleud. Mun keur leumpang udad-adeud. Mun jelema
mah geboy meri tea ning. Tapi barang ditanya ngaran ku Ongo, jawabna teh,
"Yepangheun, nyamhi amhi Nyosheu, Hongho nyuyunan Yemhang." Cenah bari pepeta
ku leungeunna.
Ah Ila, bororaah katarik ati kapentang duriat uing teh. Nu aya mah hayang
nyakolakeun manehna ka SLB. Watir! Hiji mangsa deui, tepung jeung Tongo bikang
nu keur huleng jentul dina ceuli Ucing. Can ditanya can naon, ana gerewek teh
manehna miheulaan ngagerewek bari siga rek ngerekeb uing,
"Tah geuning Kang Gunawan sumping. emh sonooooo abdi teh. Ngantos engkang siang
wengi, bet ngampleng bae. Mun engkang maen sinetron abdi teu weleh anjeucleu
payuneun tipi. Malah tipi-na ku abdi sok dilamotan, bakat sono ka engkang. Kang
Gun....."
Teu antaparah deui Ila, uing teh becir bae lumpat. Sirikna notog-notogkeun
maneh. eta Tongo gelo teh hayoh bae ngudag. eureun-eureun sanggeus ku uing
dibaledog nepi ka pejet. Karunya karunyana mah, tapi kumaha atuh. Antukna mah
Ongo teu burung boga kabogoh anu Ongo resep. Ngaranna Tongiti. Hayang apal nya
kumaha Ongo tepung jeung Tongiti? Kieu geura lalakonna mah. Keur nyayang dina
kelek RT Ocid harita teh, bari sudat-sedot. Dina bulu kelek anu sejen,
katembong aya Tongo sejen keur kakarayapan. Teu kaciri saha-sahana mah, da
poek. Kelek RT Ocid tea, leuweung we sugan mah. Lantaran panasaran tuluy ku
Ongo dideukeutan. Tetela Ila, eta tongo teh tongo awewe. Geulis pisan ceuk Ongo
mah. Tapi barang gok, ari jerit teh manehna ngajerit maratan kelek. Uing ge
nepi ka luncat bakat ku reuwas.
"Tuluuuung.... aya jur....tong!" cenah. Mimitina mah Ongo teh colohok we.
Sakasep-kasep disangka jurig tongo. Lila-lila Ongo sadar, singhoreng dina irung
nempel keneh bulu kelek RT Ocid nu pegat kagegel. Munasabah mun manehna
jejeritan ge. Kumis ngajepat, jaba sungut apan bulaeh keneh ku getih.
Buru-buru Ongo ngalaanan bulu kelek RT Ocid tea. Tuluy ngusapan baham. Ari Ongo
geus beresih mah, manehna anu malik colohok. Kawasna manehna teu nyangkaeun aya
tongo kasep siga uing (ehm!).
"Hapunten manawi teh jurig tongo!" sumpahna ge daek kagencet pingping Si eha,
Ila.
eta sorana... aduh Gustiiii, aya ku halimpu. Deukeut-deukeut kana sora evi
Tamala mun lain sora euis Komariah oge. Tuluyna mah Ongo jeung manehna kenalan.
Ngaranna Tongiti, teureuh tongo Ciwidey. Pangna manehna aya dina kelek RT Ocid,
panjang deui lalakonna.
Cenah mimitina mah tempat nyayangna teh dina sela-sela harigu Tante Memey.
Betah pisan di dinya teh cenah, Ila. Rea gizi. Sok komo da Tanteu Memey mah
salawasna ngurus harigu, sina nyemplu kembu. Matak betah bangsa tongo. Tapi
hiji mangsa Tate Memey katatamuan ku lalaki jangkung badag. Awakna bala ku
bulu, sawak-awak. Geus puguh dina tempat jadina bulu mah, dina tempat-tempat nu
kuduna lenang ge ku lalaki eta mah sigana dipelakan kabeh ku bulu. Musibah
datang cenah Ila. Waktu eta lalaki bulu ngagaley Taten Memey, Tongiti langsung
kapiuhan. Tuda milu kagaley. Barang sadar Tongiti geus pindah tempat, aya dina
dada si lalaki bulu. Ana rarat-reret horeng lalaki bulu teh geus maen gapleh
deui di pos ronda. Teuing di pos ronda RT sabaraha, anu jelas harita poe geus
reup-reupan. Antukna Tongiti kapaksa ngabetah-betahkeun maneh di dada lalaki
bulu. Kadieunakeun kanyahoan, singhoreng eta jelema anu pinuh ku bulu teh
ngaranna Sonjaya. Natangga jeung RT Ocid. Nyobat malah. Teu aneh
lamun manehna sok mondok moek di imah RT Ocid ngadon gapleh. Jeung ulah aneh,
Ila, lamun Tongiti geus pindah deui ka kelek RT Ocid. Sugan cenah di tempat
anyar mah aya kamarasan. Teu cara dina dada Sonjaya, hese ngopi-ngopi acan.
Antukna tepung jeung Ongo. Tina kenalan, Ongo teh jadi kajamparing asih
kapentang asmara ku manehna. Cinta we Ongo teh ka manehna. Ceuk Ongo teh, "I
love you than more I can say...." Ari celengkeung teh manehna ngajawab bari
dihariringkeun, "Maju pemuda-pemudiiiii... endonesiaaaa...." Kerung Ongo ge da.
Cinta teh pangpangna mah sanggeus Ongo nyidik-nyidik beungeutna. Lumayan lah
keur ukuran tongo Bandung mah. Manehna ge tangtu bogoheun ka Ongo teh, da
kungsi nyarita, A Ongo teh cenah ganteng, sed saeutik ti Marcelino. Tuh, da teu
nyalahan. Ongo mah malah nepi ka ngagerentes dina jero hate, mun aing laksana
ngahiji jeung manehna, kajeun teu tulus asup Partey Pesatuan Tongo Nusantara
(PPTN). Ngan Ila, antukna mah jadi musibah keur Ongo. Ari pruk kawin, ari
gorehel kanyahoan adat aslina. Horeng Tongiti teh.... hyper! Teuing katepaan ku
Tante Memey teuing geus adat ti ajalina. Keudeung-keudeung gabrug.
Keudeung-keudeung gabrug, bari aha-ehe menta diehe. Teu kaop Ongo reureuh, sok
tuluy disered ka juru kelek RT Ocid anu rada poek. Malah hiji mangsa mah Ongo
nepi ka ngalungsar beak tanaga, sanggeus sapoe harita manehna nyered Ongo ka
juru kelek aya kana sapuluh kalina. Sebel da Ongo mah. Antukna Ongo ngejat,
Ila. Najan enya urang teh sato, tapi ari kitu-kitu teuing mah bisi jadi
munkarot. Kieu-kieu ge Ongo teh apan kungsi lila di kelek ajengan. Nerap
saayat dua ayat bae mah. Gedengeun ti eta, sieun Ongo teh, paur katepaan AIDS.
Mangkaning keur sakieu mahabuna. Ayeuna Ongo bumetah di tempat anyar. Tina
kelek RT, pindah ka sirah mahasiswi, anu kungsi diuk sabangku jeung RT Ocid
dina beus kota. Ongo bumen-bumen di dinya, deukeut ceulina anu hejo carulang.
Betah ku betahna cicing di dinya teh, ngan aya we pipanyakiteunana. eta
mahasiswi teh kabeukina teteleponan, Ila. Mun keur nelepon, teu cukup ku
sapuluh menit da. Nepi ka Ongo sok katorekan bakat baribin. Anu matak sebel mah
mun geus aha-ehe dina telepon. Komo mun geus nyarita kieu,
"Kang Heri, iraha atuh bade tuang beep steak teh. Ti payun ge bade ka Mc-donald
geuning teu janten. Ulah bohong deui nya. Ulah siga kamari, bete! Majar bade ka
Caesar Palace, geuning kalah dicandak ka Tegallega. Awas lho.... mun bohong
kuYayang moal dikasih bolu kukus deui geura. Tapi ulah wengi Minggu nya, bilih
aya Om Hadi. Bilih Kang Heri aya pamengan, atanapi bade kas-bon, nga-HP we nya!"
Mun manehna geus nyarita kitu, Ila, geus hayang sajengkat-jengkateun Ongo
nyingkah. Ngan lebar ku getihna, nu sari-sari rasa stroberi.
KITU di antara eusi surat Tongo teh. Ari ayeuna keur naon nya Tongo teh?
Geuning ituh keur utey paduduaan dina sirah mahasiswi tea. Keur "galungan"
jeung....Tongiti. Sanggeus tatanya ka ditu ka dieu, Tongiti antukna teu burung
bisa nyusulan Tongo. Barang gok jeung Tongo, manehna nyarita ngahelas bari
luway-liwey, "Nggakk kuaaat...!" cenah.****
Catetan:
Ka tongo anu maca ieu carios, disuhunkeun sih hapuntenna. Sanes jisim uing
maksad ngahinakeun bangsa tongo, sok komo bade janten provokator mah. Ieu mah
sakadar silaturahmi bae antawis papada mahluk Pangeran. Pon kitu deui ka tongo
anu kasebat jenenganana, atanapi kasabit-sabit tempat pamatuhanana, mugi ulah
janten bendu, bilih janten dosa. Saena mah iklaskeun bae.
Hatur nuhun. Salam tongo bae ka sadayana.
(disalin ti
http://www.urangsunda.net/index.php?option=com_content&task=view&id=224&Itemid=33
)
On 5/30/07, Djakaria Purawidjaja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Duka tah tongona sagede kumaha, meureun ieu mah tongo raksasa. Padahal
pangalaman keur budak lamun loba ulin di kolong imah, baheula mah loba imah anu
aya kolongan kapan sok mawa oleh oleh nya tongo tea, jeung eunteupna da tara
sagawayah estuning meureun tongo bikangna wae eta mah. Kitu pangalaman anu
karandapan di kampung Babakan Karang Singaparna jeung Tawangsari Tasikmalaya,
pangalaman di Bandung di Astana Anyar,jrrd tara ulin deui ka kolong imah, iwal
ti lamun kabagean ngaronda nguriling saerwe.
--
sikandar
kumincir.blogspot.com
---------------------------------
Shape Yahoo! in your own image. Join our Network Research Panel today!