Si Borontox
Pasosore mangsa keur girimis hujan, dipipir paranje aya dua hayam keur karojom. 
Si rintit jeung si borontox. Disebut si rintit soteh pedah buluna kawas meunang 
ngabonding, kitu deui siborontox buluna totol totol karenge rengean, teuing 
ngarah ka saha da indung bapana mah teu borontox borontox acan. Ngan numutkeun 
gosip nu sumebar, emana si borontox kungsi aya affairs jeung si jago nu 
ngeusian paranje sabeulah. Abong hayam!

Sirintit teh hayam bikang anu keur meujeuhna pelem dibabakak, ari si borontox 
mah duka jago duka bikang, da dedeg pangadegna jeung jawerna mah enya jiga 
bikang tapi dina rengkak paripolahna kawas hayam jago. Geura meh pasti  wang 
tingali bujurna. Enya we geuning bikang, da waktu ditiup bujurna langsung 
ngajawab "Muhun...muhun!" Ieu meureun nu disebut hayam tomboy teh, hayam 
bikang, tapi kalakuan jalu banget.

Bari nungguan hujan raat, der maranehna ngobrol, teuing keur ngobrolkeun naon, 
da make bahasa hayam. Coba geura wang pasang detektor bahasa hayamna, meh 
kanyahoan naon nu keur diobrolkeunana.
"Uing mah bosen euy, unggal poe diparab huut ngebul teh!" Sirintit mimiti 
ngangluh.
"Heueuh nya...ceuk urang mah cik atuh dunungan teh sakali kali mah mere sangu 
ngebul pleus gepuk atawa pais gurame, meureun tada teuing ni'matna!" si 
borontox ngalokan.
"Karunya mah si denok euy, teu kaur endogan, meus meus dicokot ku dununganana, 
teu sirikna di tungguan tina bujurna. Sihoreng matak kitu ge, dununganana keur 
anyar pangantenan, unggal poe kudu ngaloklok endog!" sirintit mimiti ngagosip.
"Keun wae da sipat jalma mah sok aya sipat sarakahna. Lain euy aya beja maneh 
sok ulin kapipir kampus?"
"Heueuh ka aing teh ngareken hayam kampus we nya!"
"Keun wae pan urang mah hayam, wajar mun gunta ganti jalu, dikaleng ku itu 
dikaleng ku ieu!"
"Sabenerna mah, jujur euy, basa silaing dikaleng ku si pelung, hate dewek teh 
ngaheab pisan!"
"Jadi silaing timburu tur aya sir kadua leutik ka si pelung?"
"Lain kitu...pan samemeh ngaleng silaing, sipelung teh kungsi mondok moek jeung 
dewek!"
"Baruk! Paingan beda! urut maneh mah. Tapi keun wae pan urang mah hayam.Wajar 
mun jalu maneh jalu urang oge! Ngan meureun nu teu wajar mah mun urang silih 
kaleng,silih galentoran, anu sarua papada hayam bikang. Hayam lesbian 
kasebutna!" 
"Ari ayeuna kojom dipipir paranje,lain keur lesbian kitu?"
"Nya kuma silaing we, mun bari jeung otel meureun nya heueuh. Lain euy ari 
maneh geus ngadenge omongan dunungan?"
"Omongan nu mana?"
"Eta pajarkeun teh, hayang teuing bakakak hayam!"
"Heueuh dewek ge geus nyaho, mana dunungan teh sok nyetel wae lagu "andai ku 
tahu" uing mah sangheuk paeh ayeuna ayeuna, wayahna maneh heula nya nu 
dibakakak teh!"
"Tuh nya sok pinter kodek, puguh uing mah karek cieung cieung tas kaserang flu 
burung , jadi nu pantes dibabakak mah,nya silaing!"
"Nya maneh!"
"Silaing!"
"Maneh!"
"Silaing!"
"Maneh heula da bageur!"
"Silaing heula da geulis!"
"Maneh heula!"
"Silaing heula!"
"Teuing ah, anggur mah nek ulin deui kapipir kampus!"
"Huuhhh....dasar hayam kampus!"*****syam ridwan******


Kirim email ke