Mangga Kang Teddy di teraskeun tong ringrang tong haringrang,
patarosan-patarosan samodel kitu "Alloh aya imahan" kedah dipasihan preambul
heula supados teu salah sangki sareung teu negatif responna ti warga babakan
Kusnet atanapi posting bae ka Kisunda. Di Kisunda mah warga langkung alit
(sakedik) janteun responna teu murudul teuing, tapi Insya Alloh aya nu
nyanggaplah. Perkawis benten persepsi, benten pandangan, benten karesep,
sareng benten-benten sanesna mah keun bae da "kedahna" kitu, mung aya hiji
anu teu tiasa dirobih nyaeta urang teu tiasa salin jinis ti Sunda, urang teu
tiasa dipecat ti urang Sunda atanapi murtad ti Sunda pindah janten urang
Batak atanapi janten urang Oborigin, urang Viking, urang Arab jrrd, kukituna
urang resep teu resep kudu saimah jeung papada Sunda ayeuna kumaha carana
urang silih asah, silih asuh supados "sinergi" ngajantenkeun tatapakan
kanggo kamajengan bangsa Sunda kapayun.

Wassalam,
dudi_ss

----- Original Message -----
From: "teddy sur" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <urangsunda@yahoogroups.com>
Sent: Thursday, June 07, 2007 8:17 PM
Subject: [Urang Sunda] ALLAH aya imahan,PATAROSAN provokatif.


> hapunteun anu kasuhun...baraya sadaya.
> kuring lain rek nauan kikiruhan cai,lain rek
> ngabalakatak bari nyumput.mung lamun aya anu ka colok
> ku kuring,komo bari jeung ngabelit kana hate,naheur
> cai jadi amarah.langkung sae langsung ka email pribadi
> kuring,ulah nanarik baju batur.
> hayu urang diskusikeun,apan urang teh manusa anu
> dipaparinan alam akal pikiran anu sampurna,lamun bener
> tea mah ngaku manusa.
>
> kitu deui aya anu naros kuring teh agamana naon?
> ceuk indung-bapa kuring,harita awal ngagubrak ka alam
> dunya ti lawang ka sucian indung kuring,kuring teh
> langsung di azanan ku bapa,umur 2taunan kuring geus di
> ajar ngaji,maca,sholat nepi ka kiwari,kitu saderek.
>
> sakali deui punteun baraya sadaya..
> simkuring ayuna keur di ajar NGAJI TANPA HURUF,MACA
> TANPA AKSARA,SHOLAT IBADAH TEU NGUDAG2 AMAL.
>
>
> teddy s.
>
>
>
____________________________________________________________________________
________
> Shape Yahoo! in your own image.  Join our Network Research Panel today!
http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>

Kirim email ke