--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Roro Rohmah" <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> Kang Deny mah "mitnah" teh ni sae kieu*bade munggah Haji?...ni 
> maruriding* heheh*timana waragadna nya? Hanjakal teu aya program 
> Haji Nurdin di pakulian abdi mah...hiks...

Heuheuheu .... sugan teh bener, boro geus atoh yeuh urang Kusnet naek 
Haji heug teh sakloter deuih. Kuring oge kungsi disangka rek naek 
haji, malah kungsi ku masjid di Perumahan rek di "pangaosan"keun. Duka 
saha eta teh nu ngaributkeun, atuh jadi kuram-kireum, da ondangan 
pangaosan ti Masjid disebar ka tatangga. Kapaksa kuring jeung 
pamajikan nerangkeun ka tatangga, yen eta teh salah informasi. Tapi 
aya we nu teu acan nyahoeun yen sabenerna salah informasi. Aya 
sababarha hiji surat ondangan ti tatangga nu ngondang kuring, aran 
kuring sok make gelar Haji ....

Waktu nempo surat ondangan nu make gelar Haji, ka pamajikan teh kuring 
ngomong, keun we, sugan we katuliskeun .... (lain jurig ah) jadi 
kalaksanakeun bisa munggah Haji, duka iraha-irahana mah, ngadagoan 
rejekina heula.

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke