narosna kedah kanu ngadamel artikel 'jurnal' eta teh Dini. duka
ngiringan kusnet duka henteu. ari nilik sakolana mah ti Geodesi ITB.
naha geodesi jig-jig ka dinya nya. tapi teu nanaon ketang, ngukur
taneuh, nya manggih sagala rupa.

ari nilik jurnalna mah nu urang Fakultas Seni Rupa & Desain, tapi
noong nu ngurusna mah,  kang Acep Iwan Saidi oge Asep Wawan Gunawan
mah di itb-na dosen bahasa Indonesia, kang Asep Wawan malah dosen
bahasa indonesia si kuring pisan kapungkur. dosen bahasa indonesia oge
mkdu sanes nu masih bahasa,  ngumpul handapeun Sosioteknologi, siga
jurusan tapi sanes di FSRD. mun di kampus sanes mah UPT -unit
pelayanan teknis- Mata kuliah dasar umum (mkdu).

kang acep iwan saidi teh oge kepala perpustakaan fsrd itb. tepangan we
di perpus fsrd. mun keueung, ke dianteur. hehe


On 6/13/07, dini harmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> "Oleh karena itu, masyarakat adat kasepuhan Ciptagelar lebih kental dengan
> unsur-unsur spiritualitas dan kental juga dengan unsur kebatinan."
>
> Punten, kusabab skripsi abdi oge aya nu nyangkut perkawis 'wangsit', janten
> hoyong naros: maksad 'lebih' dina kalimat di luhur teh tibatan naon?
>
> Haturnuhun,
> dini harmita
>
>

Kirim email ke