Siaaaaaaapppplah...heheh...hoyong dijajapkeun dugi kamana Mang? Pasti nyasab 
bin utag-atog.
Sanaos gubrag ka alam dunya di Wado, tapi ageung mah seuseurna di Jakarta & 
Bandung.
Ni asa kaisinan, saur paripaos tea mah,"asa beureum beungeut", margina abdi ge 
teu acan kantos lebet-lebet acan ka musieum Sumedang heheh...sakitu urang 
Sumedang asli, sok kalangkungan pami ka Wado & sering ngiring netepan di 
masigit nu di alun-alun (Masjid Agung), weleh kadinya mah diliwat weeeh...

Saleresnamah, ni hoyong pisan lebet ka musieum eta teh Kang, komo waktos aya 
Hari Panca dina acara Dunia Lain dina tipi, ciganamah leres geueueman bah dinya 
teh...hiiiiiiii!
Kantos ngajakan rai2, da keueung nyalira mah, kalahka nyaleungseurikeun. Nya 
atos dugi kaayeuna Alhamdulillah teu acan.

Ke pami aya acara raramean ka dinya, tong he love ajakan abdi nyaaa...

ro2

>>> [EMAIL PROTECTED] 06/15/07 12:46PM >>>
Alhamdulillah....cihuuuuuuy.....!!
wilujeng MJ....., mugia dina sajeroning nuntut elmu bin sakola deui
dipaparin kalancaran sagala ku Allah Swt..., lancar rizkina, lancar
sakolana pokona mahlancaar lah.....(tereh naek pangkat yeuh....)
hehehe........

"kkbm'69"
-kanggo panalungtikan ka daerah sumedang mah aya bah Willy sareng ceu
Roro nya...hehehe

Kirim email ke