Ceuk aing soto, SOTO siah!!! hehehehe .... kitu tah panginten kasauran anggota dewan yang terhormat teh ...
--- In [email protected], "mojang_akank" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Bade teu ngisinkeun kumaha atuh da kang jay mah nempokeun korong :P > > > Neng Iva > > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > Yeuuuuh Teh Ipon..(bari nepak, tuluy emok..) > > jadi urang teh kudu nempokeun nya ? > > nyaan kudu ditempokeun ? > > Enya ? isin ah.. > > > > > > hi hi.. > > > > > > -dul- > > --- In [email protected], "mojang_akank" <mojang_akank@> > > wrote: > > > > > > Kang jay, yeuuh...( bari metakeun ) mun rahayat teu mikiran > harga > > > kabutuhan nu naraek, atuh ngeungeunaheun wawakil rakyat di DPR. > > Mun > > > rahayat teu nempokeun kasusahna harga2 kabutuhan, wawakil DPR > moal > > > mikir2. Moal timbul hati nurani mun ceuk basa gaulna mah.... > > > heuheuheu > > > > > > > > > Neng Iva > > > > > > --- In [email protected], "ndoell" <ndoell@> wrote: > > > > > > > > "Jay !" > > > > "Hmmm.." > > > > "Gelo euy !" > > > > "Saha ?" > > > > "Lain saha, ieu berita na koran..." > > > > "Naha kitu ?" > > > > "Asa kuteungteuingeun, harga kabutuhan sapopoe teh beuki > > > > tingterekel.." > > > > "Maenya ?" > > > > "Enya...komo minyak goreng mah, jaba euweuh...jaba hargana > > naek.." > > > > "Bae atuh" > > > > "Bae kumaha ari maneh, meni teu mikir pisan ?" > > > > "Ari geus, kudu kumaha atuh ?" > > > > "Nya pan pikirkeuneun ieu teh?" > > > > "Memangna, mun dipikiran, tuluy eta harga-harga bakal turun ?" > > > > "Nya henteu sih.." > > > > "Mun henteu mah, naha atuh bet kacape-cape mikir ?" > > > > "Nya sahenteu-na atuh urang teh kudu mikiran sangkan > > > > harga kabutuhan sapopoe teh teu nalaktak jiga kieu.." > > > > "Ah, ceuk uing ge keun bae. Tong dipikiran, bisi gering !" > > > > "Ih maneh mah..." > > > > "Yeuh Dul, nu kudu mikiran teh sabenerna mah wawakil urang. > > > > para anggota Dewan, boh di DPR Pusat boh di DPRD..." > > > > "Owh kitu ?" > > > > "Nya heueuh ! apan diangkat jaradi anggota DPR teh pikeun > > > > jadi wawakil rahayat, ngawakilan urang, geus jadi kawajibanana > > > > pikeun mikiran pasualan rahayat leutik, neangan solusi-na > > > > keur narekahan sagala nu tumiba ka rahayat leutik.." > > > > "Adooooh....meni gaya euy maneh nyaritana ayeuna mah" > > > > "Gaul atuh Dul, maca koran meh nambah wawasan. Meh beunta > > > > pikiran teh, ulah kurung batokeun." > > > > "Tapi Jay, naha atuh najan aya DPR ge, rahayat mah angger > > > > hirupna seuseut ?" > > > > "Puguh anggota DPR teh loba nu goblog" > > > > "Goblog kumaha Jay ? apan maranehna teh jelma palinter ?" > > > > "Nu disebut jelma pinter mah biasana ge dukun.." > > > > "Ari kitu ? goblog kumaha ?" > > > > "Goblog teh hartina logor. Logor teh gede teuing, teu > meujeuhna. > > > > Cik, mun maneh make papakean logor, pantes teu ?" > > > > "Henteu.." > > > > "Matakna, Loba anggota DPR anu teu pantes jadi wawakil urang > > > > sabab eusi uteukna ngan saukur mikiran peujitna sorangan bae. > > > > Mun DPR-na balener digawena mah, moal aya nu mahasiswa demo > teh. > > > > moal aya karyawan nu demo, moal aya supir beus mogok .." > > > > "Ari kitu, gawena DPR teh naon atuh ?" > > > > "Nya teuing atuh..da nu katempo mah rapat jeung rapat bae > > > geuning.." > > > > "Heueuh Jay, uing kungsi lalajo na tipi, geuning keur rapat DPR > > > > teh lolobana mah kalah ngobrol, aya nu udud, aya nu > nundutan.." > > > > "Enya kitu, nu ngorong ge da aya..." > > > > "Ah maenya..?" > > > > "Enya, mun teu percaya, sok we tempo kolong meja di ruang > rapat > > > DPR, > > > > pasti karadak da sok dilodet-lodetkeun kana handapeun meja" > > > > "Ah maenya nepi ka kitu ah... ?" > > > > "Naha bet maenya ? heueuh pan anggota DPR ge baroga irung. " > > > > "Ih geuleuh atuh..." > > > > "Puguh we geuleuh dan korong batur, mun korong sorangan mah > > henteu" > > > > "Maneh mah, mun ngobrol naon bae teh, tungtungna teh teu jauh > > > > tina nyaritakeun korong ih!" > > > > "Bae atuh ih .." > > > > "Geus ah.." > > > > > > > > > > > > > > > > -dul- > > > > tukangteuing > > > > > > > > > >

