Sakumaha iber ti MJ, buku2 kanggo (calon) Pabukon Simpay Katresna (Pasaka)
di Banjarsari katampa poe saptu ti Kang Boim, lobana tilu kardus. Kamari,
eta buku2 teh didata, dijieun daptarna, jeung sakalian rek dibere nomer
katalog. Jumlah-jamleh mah hilap deui seueurna buku teh, sabab punbojo nu
nganggeuskeun berendelanana. Beres ngaimpentarisir buku, rencana teh bade
ngadamel heula rak sareng plangna (di Banjarsari).

Pasaka teh rencanana bade diperenahkeun di bumi mitoha, di Desa Banjarsari,
Kac. Ciawi, Tasikmalaya. Bumina ampir papeuntas2 jeung Kantor Desa
Banjarsari (anu pagigir-gigir jeung SDN Banjarsari). MJ, Ua Sas, jeung Kang
Soni Rosa mah kantos arameng ka dinya, waktu nyumbangkeun buku2 Pasaka
kanggo hiji madrasah di Kac. Ciawi keneh, ngan beda desa (nya, Ua? da teu
apal persisna mah, rumasa lain urang dinya). Ieu Pasaka bade dikokolakeun ku
kapiadina punbojo anu ngawulang di lembur eta.

Beurat nyuhun beurat nanggung, ceuk paribasa mah, kuring ngawakilan pangurus
anu kaamanatan eta Pasaka, ngahaturkeun rewu nuhun ka MJ anu pastina teh tos
riweuh balanja & ngacapan buku, sarta ka sadaya wargi anu tos ngeusi
kencleng Yayasan Perceka. Mugia amal soleh anu tangtos mangpaatna kanggo
masarakat teh ditampi sarta kenging balesan anu langkung2 ti Gusti Alloh
SWT. Aamiin.

--
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke