--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Dian Nugraha" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:

> Tah, tiasa janten Malaysia teh gaduh komposisi lagu musik kacapi 
> suling nyalira anu benten sareng anu aya di urang. Atanapi desain 
> kacapi anu benten. Lamun kieu, urang teu tiasa ngaku-ngaku musik eta 
> teh milik urang. Cobian diparios deui, musik kacapi suling nu mana anu 
> diaku ku Malaysia teh. Aya henteu dina daptar lagu hasil karya bangsa 
> sunda?

baraya, aya komentar sareretan ngeunaan posisi malaya jeung kaitanana
kana perkara persulingan, perkacapian jeung sabaladna. duka nyambung
duka henteu ieu komentar teh, hehehe. keun we sambungkeun nya.

urang sunda, tangtuna oge jalma biasa, sarua we jeung etnis sejenna.
kulantaran kitu lumrahna jalma, aya nu dumuk dilemburna, aya oge nu
baranahan di pangumbaraan. kaasup nu ngadon baranahan di lembur
tatangga, malaya. najan jumlahna can kacatet kana statistik penduduk
malaya, upama daek leukeun mah, urang nguriling di lembur tatangga,
bakal manggihan komunitas urang malaya nu bibit buitna ti tatar sunda.
ku kituna ilaharna jalma, upama titirah ti lemburna, pastina oge lain
ngan ukur mindahkeun jasadna, atuh tangtu we mawa kultur jeung budaya
ti lembur asalna. ku kituna, bisa jadi dina hiji waktu, bahasa jeung
budaya ti lemburna bisa mekar di tempat anyar. tah upama kieu
kajadianana, naha salah upama tea mah, eta budaya anyar teh diaku ku
lembur anyarna? hehehe.

pikeun nambahan gambaran, aya kasenian sejen nu sok dipintonkeun di
malaya teh, nyaeta kuda lumping jeung wayang kulit. upama ngan ukur
ngadenge ngaranna, respon kana kasus ieu bakal sarua jeung respon
urang kana suling jeung kacapi. upama ditelek-telek mah, wandana
memang jadi khas ditempat anyar.

salam,
mh


Kirim email ke