---------- Forwarded message ---------- From: Marwan Faizal A. Bachtiar <[EMAIL PROTECTED]> Date: Jun 21, 2007 10:24 AM Subject: [silatindonesia] Keris Tangguh Pajajaran To: [EMAIL PROTECTED]
Pamairan Sili(h)wangi Kasmaran ku Sili(h)wangi Ngariung dina Seminar Pada pogot pada moho Pada ngaluarkeun hojah Pamanggih sewang-sewangna Sili(h)wangi pada nulup Dirucat ti unggal Madhab Para Ahli teu saeutik Nu tarandang makalangan Pada nembrakeun kanyaho Enggeus pada boda alas Garapan sewang-sewangna Ngeunaan poko lulugu Sili(h)wangi Raja Sunda Keris Tangguh Pajajaran(2) Keris teh salahiji hasil budaya nu dikenal masarakay jawa husuna,nang dinu ilmu keris atawa kristologi teh aya keris nu pangtangguhna jeung pangkolotna nyaeta Keris Tangguh Pajajaran. Dini hiji makalah nu dipedar ku Haris Sukanda Natasasmita ngeunaan "Sejarah dan Tradisi Tentang Prabu Siliwangi" ngeunaan Keris Tangguh Pajajaran teh tiasa di talungtik tinu 4 sumber, Kahiji. Tiasa ditingali ti relief candi nu nunjukeun loba bukti ngeunaan sanjata Kadua. Titinggalan baheula nu masih keneh ka palihara ku masarakat, atanapon di museum Katilu. Naskah Kuna anu nyebutkeun jinis jeung ngaran-na. Kaopat. Para panalungtik dinu cateutan ngeunaan keris eta jeung kaasup tradisi lokal. Dina hiji sumber (wirosoekadga,t.t:3,7-9) disebutkeun aya lima belas jinis tangguh. Tangguh Pajajaran kaasup nu pangkolotna tibatan tangguh Majapahit. Ieu ge dijelaskeun dumasar kanu sumber yen Tangguh Pajajaran teh aya tujuh Empu, nyaeuta: 1. Empu Ki Keleng 2. Empu Ki Luwung 3. Empu Ki Loning 4. Empu Ki Angga 5. Empu ing Pagelen 6. Empu Ki Sikir Dusun Tapan 7. Empu Siyung Wanara, nalika taksih jumeneng Bupati Arya Banyakwide. Titujuh Empu sakti eta, ngan aya dua Empu nu kanyahoaan hasil tempa na teh : Empu Keleng nu nyieun keris Kyai Kopek (Keris Lempeng, Dapurna tilam upih pamor Tambal) tinu wesi saperti batutulis, jeung Empu Kyai Manca disebat tinu kitab, nang teu kanyahoan ngaranna. Sumber nu lian (Winter jeung Soejonoredjo, 1993:12-23), digambarkeun limapuluh hiji jinis keris kuna, dimana duapuluh jinis teh ti Pajajaran, atawa abad ka XIII - ka XV, ngaranna teh nyaeta Keris brojol,Keris Betok jrrd. Dinu Cariosan Prabu Silihwangi aya duakali ngeunaan sesebutan keris, nyaeta 1. IX:9 saacan mangkati ti Sindangkasih ka Singapura, keris nu dipake Silihwangi disebatna dhuhung ginanja pitu 2. XXI:47 keris nu dipikaboga ku SilihWangi nu di bawa ku Ambetkasih keur nusuk dirina, nyaeta kebo. Dinu pupuh ka VII Naskha Sang Nata Agung, (KBN no 545. inv.EFFO-Bdg. No 2032), saacan Prabu Silihwangi angkat ka Prabu Singguru arek cacahan, manehna mawa sanjata keris Pusaka karuhun Prabu Ciung Wanara (warisan) nu diaraanan Kebo Teki, laju Prabu Singguru ditusuk ku keris sakti eta nepi ka perlaya, nu akibatna kabeh bala tantara Tanjung Singguru nyerahkeun maneh ka Prabu Silihwangi. [Non-text portions of this message have been removed]

