Sumuhun neng.

  Aya anu kalangkung henteu kadugikeun, nyaeta komitmen gubernur Jabar kanggo 
ngamumule / inventarisasi hasil budaya warisan karuhun oge kedah diacungan 
jempol. Oge koran PR anu nyosialisasikeun wartos ngeunaan hasil budaya Sunda 
dikaitkeun sareng HAKI peryogi diapresiasi pisan.



Wassalam,
Asep
 
  

Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                     
Tah geuning.... Kang Asep, teu burung we aya nu  ngusahakeun ngabelaan warisan 
karuhun teh...Alhamdulillah, ngiring bingah.
Da  sagala rupi ge kedah diurus kunu ngartos sareng ahlina. Panginten, Teh Sofi 
 milari balad di Kusnet kanggo ngusahakeun HAKI teh sanes teu diwararo tapi teu 
 ngalartoseun, kalebet abdi heheh...
Mugi ngamaklum Teh Sofy  nyaaa...  ;)
Abdi mah mung saukur sambung du'a sareng  ningali/ngadangu inpo ti katebihan, 
mugi sing digampilkeun &  dilancarkeun kana aras-urusna...Amin. 
  
 ro2
  
 >>> [EMAIL PROTECTED] 06/25/07  10:12AM >>>
Alhamdulillah upami pa Ahmad Ramli gaduh komitmen anu  sakitu sae na mah. 

Pa ahmad Ramli, manten staf ahli menteri bidang hukum  Depkominfo sareng manten 
anggota komisi Badan Regulasi Telekomunikasi Indonesia,  ayeuna tos ngalih ka 
Depkumham anu gaduh pancen patali sareng haki.  Mudah-mudahan anjeunna tiasa 
lungsur-langsar ngabela warisan  karuhun.

Wassalam,

 
     
                       


Asep

       
---------------------------------
Ready for the edge of your seat? Check out tonight's top picks on Yahoo! TV. 

Kirim email ke