Wah, perang bubat anu salah sahijina disababkeun ku 'istri' nya? seru seru ... 
mugi-mugi teu kajantenan deui. mugi-mugi potensi 'istri' nu dominan ayeuna 
tiasa ngawujudkeun perdamaian nu ngabagjakeun, sanes janten salah sahiji faktor 
nu nyababkeun 'perang'. mangga diteraskan bagi-bagi elmuna ...

hatur nuhun
=),
dini harmita

Asep Hadiyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  
Rupina si akang pemerhatos sajarah.

Sim kuring kataji ku perkawis Illyad. Illyad teh karya sastra (anu kapendak di 
Romawi?) anu nyarioskeun serangan prajurit aliansi wewengkon Yunani ka bangsa 
Troy (di Turki) salami sapuluhan taun alatan Paris (ti karajaan Troy) ngarebut 
Helen ti salah saurang pangawasa Yunani. Troy ahirna ancur lebur kumargi ditipu 
ku hadiah kuda-kudaan (kuda troy - trojan horse) anu dieusi ku prajurit eta 
aliansi anu ngayakeun serangan dina waktos bangsa troy tibra sare.

Keberadaan Illyad di Roma tiasa ngungkap sajarah karuhun urang Turki. Ampir 
sami sareng Kidung Sunda di Bali anu tiasa ngungkap perang di Bubat antawis 
kulawarga karajaan Sunda sareng prajurit Majapait pimpinan Gajahmada.

Kang, upami teu kaabotan, nyuhunkeun dipedar eta perkawis Illyad langkung jero. 
Hatur nuhun sateuacanna.


Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
                             
Kumaha Damang Baraya?
   
  India?
  Hmmm.....India teh nagara anu warna-warni sarupaning jeung Indonesia, ngan 
India sigana aya leuwih ti Indonesia. Demokrasi, jalanna geus panjang, mun 
manusa mah geus dewasa. Nu paling narik hate kruring mah budayana. 
  Pohara pisan loba ragamna, anu katilik ku kuring mah dina sastra.
  Salian ti Ramayana, anu ceuk si akang tos di sebat, oge Mahabharata anu 
pohara pisan hebatna. Kaurawa jeung Pandawa, simbolisasi manusa di bumi. Cenah 
ceuk ilmuwan "luar nagreg" leuwih kolot, leuwih "heboh", leuwih panjang ti 
Oddesy jeung Illyad  (kumaha nulisna nya?). Mahabharata....hebat pisan ieu 
carita teh sigana hiji-hijina carita kuno di wetan anu seueur falsafahna, di 
topang ku Bhagavadgita, seueur pupurieunana.
   
  Salian ti jajahan Inggris anu teu pelit dina ngadidik warga jajahan (teu cara 
Walanda anu ngadu domba, "devide et impera"), seueur urang India  anu 
  berhasil dina Sastra : Jhumpa Lahiri, Salman Rushdie(he..he..), Arundhati 
Roy, VS Naipaul, jrr. Jeung bahasana Inggirs boo...teu hese jauh-jauh deukeut 
ka bahasa Internasional. Ari bahasa Walanda? Sabaraha hiji kolot urang anu bisa 
Bahasa Walanda?
  India, oge salah sahiji kiblat buku jeung kasusatraan, duh mun Indonesia jiga 
kieu nya? Resep!
   
  Dede Sahman
  lain Salman Khan atawa Salman Rushdie.....
  Asli ti sunda!
  





Asep
        

---------------------------------
Choose the right car based on your needs.   Check out Yahoo! Autos new Car 
Finder tool. 
     
                       

 
---------------------------------
Sucker-punch spam with award-winning protection.
 Try the free Yahoo! Mail Beta.

Reply via email to