Baraya...., ieu pangalaman kuring pisan basa poe Saptu nu kaliwat (tgl.23 Juni), harita balik ti komplek Batununggal tas ngiluan olah raga. Pas lewat parapat Holis deukeut bunderan saacan Jl. H.Alpi ningali aya polisi keur operasi rutin, atuh kanu sabeulaheun teh ngebejaan ; " awas sabuk pengaman bisi poho ceuk kuring teh.." bari kuring oge rumpu-rampa bisi kapohoan, geuning kalahka kuring nu poho teu nyangredkeun sabuk pengaman da kahalangan ku tas leutik anu disaledangkeun rarasaan geus dicangreudkeun....(kapohoan tea), ngan waktu keur rumpa-rumpa aya polisi nu nempoeun yen kuring keur menerkeun sabuk pengaman....atuh priiit cenah bari nitah nyisi. sanggeus nyisikeun sikukut (BMW tea) polisi teh nyamperkeun terus ngomong ; " maaf pak coba lihat surat-suratnya cenah...!" terus wae kuring teh ngaluarkeun anu dipenta lengkep.., ningali surat-surat lengkep polisi teh ngomong deui : "bapak tadi tdk pakai sabuk pengaman ya...? mari ikut saya....! cenah. atuh jrut wae kuring teh turun nuturkeun polisi tea. di tempat nu iuh manehna nerangkeun yen lamun poho teu make sabuk pengaman tilangna 300 rebu cenah tapi kudu sidang, tapi lamun dina sidang kamahalan ulah nyalahkeun jeung neangan manehna cenah...(polisi). terus polisi teh nawarkeun solusi lamun embung sidang bayar ditempat aja 25 rebu cenah. Kuring dikitukeun rada ngabela diri yen tadi poho teu make sabuk pengaman teh sabab bieu di holis tas ka pom bensin heula ngeusi bensin jeung lamun kudu mayer 25 rebu euweuh duitna da geus dibelikeun bensin tadi, naha bisa kurang deui..? kuring nanya, heunteu cenah tetep 25 rebu. singkat carita kieu wae atuh pak sabab kuring teu boga deui duit, tah sakieu waelah nya ceuk kuring teh bari mikeun duit 15 rebu. Sugan ten moal ditampanan ari pek teh ditarima geuning bari manehna ngasongkeun sim jeung stnk nu tadi ditahan.., nuhun ceu kuring teh bari ngaleos... padahal mah sigana 10 rebu oge ditarima nya.....ceuk kuring teh nyarita ka simanehna sanggeus anjog kana mobil deui, tidinya terus wae ngabiur nuluykeun lalampahan......hehehe..
Beu...ku aya-aya wae nya.....hehehe.....(satadina mah rek menta ditilang wae tapi dipikir deui pasti SIM ditahan, atuh moal bisa kamana-kamana mangkaning loba burueun keneh.....salah kuring oge ketang nya....hehehe...) cag...ah, nuhun. "kkbm'69" -cenah mah polisi oge diudah setoran.....hehehe

