Untung ditutup ku kalimah ngacapruk... 
mun heunteu teh kuring rek protes, asana teh boga pamingpin belegug 
kabeh padahal nu milih urang urang-keneh... sok ah cing optimist... 
urang benerkeun nu salah mimitian ti lakulampah urang sorangan...
kajeun kuring lain bagian pamarentah tapi kuring mah optimist wae 
yen nu di luhur insya alloh mikiran urang...

punten kang iwan lain rek mamatahan akang yeuh...
hayang ngobarkeun rasa pede weh ka urang sunda sakabehna..

Bagja jadi urang indonesia..
zamzam

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Iwan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> yahudi = israel
> bangsa israel di amerika, sanajan minoritas tapi bangsa 
maranéhanana nu boga
> pangaruh gedé kana kawijakan pulitik amérika.  Pon kitu amérika, 
boga
> pangaruh nu gedé kana kawijakan pulitik nagara2 berkembang 
penganut hutang..
> kaasup indonesia.
> salila pamaréntah indonesia masih kénéh disetir ku urang deungeun 
(amerika
> jeung balad2na), jiganamah jajauheun pamaréntah rék mikiran dunya
> pendidikan, boro2 mikiran sakola nu rubuh, dalah nu aya mah 
mikiran kumaha
> carana ngondang sakadang "investor" pikeun ngajajah ekonomi 
indonesia, ku
> jalan ngamurahkeun tanaga buruh, nyieun undang2 tk nu 
nguntungkeun "juragan
> investor", ngahalalkeun 'outsourcing', néwakan sing saha waé nu 
dianggep
> téroris, perkara kabuktian henteuna mah kumaha engké.. nu penting 
mah kumaha
> carana kudu ngaku.. heuheu.. tuluy naékeun harga bbm pikeun ngudak 
harga
> pasar internasional (ari standar gaji tetep lokal), ngajual lahan 
tambang
> minyak keur investor, jeung sajabana pikeun "kenyamanan investor"..
> 
> mikiran gedong sakola nu rubuh? sasak nu pegat? keun wé.. kapan 
aya LSM, aya
> donatur.. atawa 'ditabung' keur jaga pikeun sarana 'kampanye', si 
A méré
> dana pikeun nyieun sakola itu, partéy B nyieun sasak anu.. 
walah... tebar
> pesona, tebar jasa.
> 
> lain kuring nyaram kanu rék menerkeun gedong sakolaan.. satuju 
pisan malah..
> ieu mah saukur ngacapruk ngabudalkeun kakeuheul.. bongan atuh 
geura geus bbm
> naék, listrik naék, béas naék, minyak naék, SUSU ogé pipiluen 
naék.. lieur..
> naon deui nu rék naék yeuh??
> 
> ari hubunganana jeung yahudi? ah, namina oge ngacapruk..
> 
> 
> iwan.
> 
> 
> "BBM naik tinggi, susu tak terbeli.." (Iwan Fals, 1982)
> 
> 


Kirim email ke