Dajal di Garut? Kade ulah salah harti. Sabenerna
kecap Dajal eta, leuwih ditujukeun kana pasipatan
hiji jalma anu kacida gorengna. Eta kecap Dajal,
kadangu kucepil uing basa agustus 2004. Harita teh,
uing katamuan ku sesepuh Jawa Barat asal garut. Anu
geus sepuh pisan (tos almarhum). Anjeuna wanti2,
kade garut teh dipimpin ku dajal. Anjeuna nyariosna
daria pisan. Ari pek, enya we kabuktian. Timimiti
kolusi, korupsi, nepotisme dalah premanisme
kabuktian. Lain ceuk uing ieu mah, tapi ceuk barudak
mahasiswa anu apal perihal eta. Malah, kusabab
kritis. Aya mahasiswa nepi ka kudu leuleuweungan da
diudag udag ku preman kukutanana. Hiji Doktor ti PT
di bandung, nepi ka ngahuleng. Pedah Kadisdik di
Garut mah hebat, asalna ti guru (bari tara asup)
lgsung bisa jadi kadis! Sihoreng raka pituin anu
gaduh garut!