Wa'alaikumsalam Wr.Wb,
wilujeng ngariung di Warung GL anu pangdamangna sadunya maya..hehehehe...
monggo tong pundungannya didieumah.. da tempat heureuy.. ngan nya pasti ari
netiket mah pasti aya.. ke ge meun misalkeun mengkol teuing aya anu
ngageuingkeun..

nepangkeun oge ah, kuring Cecep Wahyu kawit ti Bandung ( Cicadas ) ayeuna
kaleresan janten warga Tanjung Uban, Kecamatan Bintan Utara, Kabupaten
Bintan - Kepulauan Riau.. heuheuheuheu.. kumplit..
upami ninggal dinu Peta kedah taliti pisan.. sagedengeun Pulau Batam.. :p

sok ah.. lajengkeun.. wilujeng janten jalmi cagheur.. ngariung di GL mah..


On 7/3/07, ade sunarya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Assalamualaikum wr.wb.

Nepangkeun baraya sadaya, sim kuring wasta Ade Sunarya. Kawit sareng
padumukan mah di Bekasi. Damel di Jakarta.
Mugi tiasa ditampi di iyeu ririungan. Tos lami gabung di lembur teh (pami
diwarung leboy mah kirang langkung nembe sasasih),  mung hapunten nembe
ayeuna tiasa nepangkeun teh. Abdi oge neda dihapunteun pami basa sundana teu
merenah, kukituna ka para wargi sadaya disuhunkeun pituduhna kanggo
ngalereskeunana.
Hatur nuhun sateuacanna.

Wassalamualaikum wr.wb.
.



Reply via email to