Tah mun urang masbuq nalika shalat maghrib imam keur diuk tasyahud awal 
langsung bae urang oge milu diuk tasyahud awal tapi teu kaitung rakaat na mah.
  Imam nangtung rakaat ka-3 urang oge milu terus nuturkeun imam dugi ka imam 
uluk salam. Imam uluk salam urang mah nangtung nambahan rakaat anu kurangna 
nyaeta 2 rakaat deui tur tiap-tiap rakaatna urang kudu tasyahud atuh 
diitung-itung urang salat maghrib teh jadi 4 kali diuk tasyahudna.
   
  WAG
  

Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
              Tah…ieu sarua jeung kalakuan uing.
  Naros soteh pedahna sok aya nu merhatikeun tur nanya….:”kang kunaon bet jadi 
lima rokaat?”.
  Penjelasanna, saat uing masbuq…asup barisan ma’mum…karek oge rengse takbir, 
imam geus ruku.
  Tah can sempet maca Al-Fatihah, so what……. uing sholat lohor lain lima rakaat 
tapi ngalengkepan Al-Fatihah
  
  -----Original Message-----
From: kang boim [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: Thursday, July 05, 2007 9:47 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Masbuq
  
        Baraya...,
ngiring nambihan ah....perkawis masbuk anu teu sempet maca surat Al-fatihah 
numutkeun naon anu pernah ku sim abdi kabaca dina buku pangajaran sholat 
karangan  A.Hasan tetep kedah nambih rakaat kakuranganana margi bacaan surat 
Al-fatihah dina sholat mangrupakeun bacaan wajib, sok sanaos urang sempet 
ngiring ruku. 
Terus lamun urang jadi ma'mum dina waktu imam maca surat Al-fatihah urang oge 
kudu ngilu bareng maca surat al-fatihah, ngan lamum imam dijaharkeun 
(jelas/ditarikeun)  sedengkeun ma'mum disirkeun (dijero hate' teu kaluar sora) 
ieu ngama'mum dina sholat maghrib, isya sareng subuh. 

sakitu nurutkeun pamendak sim abdi mah, punten bilih aya anu teu sapagodos 
salajeungna mah mangga nyanggakeun kana kayakinan masing-masing mana sakirana 
anu cocok/loyog sareng kayakian masing-masing. nuhun.

"kkbm'69"

  



  

         

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

Reply via email to