aya deui nu enggal pokabulari nu enggal:
Kongres artina ngawangkong teu beres-beres
Emod Morales <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyuu pokabulari dina danget ieu......!
1. PAHUGI, MAHUGI
a. Méré duit atawa barang ka kabogoh (lalaki ka awéwé)
<!--[if !supportLineBreakNewLine]-->
<!--[endif]-->
2. PAMAHUGI
a. Barang atawa duit nu dipaké mahugi
<!--[if !supportLineBreakNewLine]-->
<!--[endif]-->
3. PANCUH
a. Awi atawa kai sateukteuk dicecebkeun pikeun nyangcang sasatoan, parahu
jsté. Pantes, tegep, bisa maké
<!--[if !supportLineBreakNewLine]-->
<!--[endif]-->
4. PAIR
a. Cing pang mairankeun téko, nyai ! ( pang nyicikeun)
b. Matak teu mairan ogé, kuring mah teu ngarti kana duduk perkara anu
dicaritakeunana. (milu nyarita kanu keur gunem catur) gunem catur = ngomong
silitempas, badami
c. Horéam rék mairan téh, tuda anu ngibingna giliran Juragan Wadana.
(ngasongkeun inuman bari ngigel kanu keur kagiliran maké sodér dina nayuban)
5. PALÉNGPÉNG
a. Malédog atawa nénggor ku barang rada panjang.
b. Dikumahakeun ieu anak hayam nepi ka méjrél ? Dipaléngpéng ku halu,
ceuk jang Emod bari ngaléos ! (malédog atawa nénggor ku barang rada panjang)
6. PANGPÉNG
a. Mun pangpéng embé anu harita ngaranjah kebon téh tuman ! (balédog)
b. Béjana Kai Emod téh ayeuna ditugaskeun di Majaléngka. Atuh teu béda
mangpéngkeun kuya ka leuwi. (mulangkeun jalma ka lemburna)
7. PAROK
a. Ari Jang Ewon sok teu parok jeung batur, piraku aya kandang embé rék maké
téhel.(sarua, umum)
b. Karunya ka Kang Duyéh téh, sakitu geus marok-marokkeun manéh, angger
waé tara diondang lamun aya gempungan di désa téh. (nyaruakeun manéh jeung nu
harkatna saluhureun, lantaran hayang ka aku) (gempungan = rapat, sidang)
8. PENCRONG
a. Merong, nénjo lila bangun aya maksud kurang hadé.
9. PÉSAK
a. Ari manéh sok ngaco, piraku aya sarung maké pésak. (saku)
b. Pokona sakur rusiah Bapa Kapala mah ku kuring geus kapésakan. (geus
enya-enya nyaho)
10. PEUNGGAS
a. Montong ditaékan ku tujuhan tangkal jambu téh, bisi peunggas geura !
(potong)
b. Pantes rék bingung, tuda manéhna téh keur peunggas rancatan. (béak
modal (nudagang), atawa ditinggalkeun maot kunu dipaké andelan)
c. Tong peunggas harepan, anggap wé éta mah cocoba ti Gusti. (béak
harepan, putus asa)
11. PONTÉNG
a. Tambahan deui atuh béasna, pan itu timbanganana ogé monténg kénéh.
(déngdék , teu matang)
b. Ulah sina monténg ka dieu cai téh, bisi balongna limpas. (jalan cai)
c. Ponténgkeun caina ngarah téréh saat balong téh ! (jalan cai
(ngabedahkeun)
d. Kéna-kéna kanu keur butuh, ka kuring téh mani moponténg. (nawar barang
kacida murahna)
e. Ari jadi pamingpin mah ulah cueut kanu hideung ponténg kanu konéng atuh.
(pilih kasih)
12. SASALAD
a. Kasakit nu babari tépa sarta gancang narékab kamana-mana.
13. SASAR
a. Bakat ku nyebrét panas, anu gering téh mindeng sasar. (ngomong bari teu
éling lantaran gering ripuh)
b. Kuring mah ari lila teuing catur téh sok tepi ka kasasarkeun.(perkara anu
geus kalampahkeun)
c. Naha hirup téh bet sasar, kawas nu teu boga agama waé euy ! (poho kana
bebeneran)
d. Kudu asak sasar milih piminantueun téh, ulah ukur nénjo rajakayana
wungkul.(henteu ujug-ujug percya tapi dipapay heula)
14. SAWALA
a. Débat, padu, parebut bebeneran ku carita, diskusi
b. Ahmad Deedat salah sahiji jalma ahli sawala dina masalah agama.
15. SILALATU
a. Basa pasar keur kahuruan, silalatuna rabeng tepi kadieu. (ruhak barang
nu harampang kabawa ku hawa panas, mun geus pareum rupana bodas kawas huis)
b. Sakitu tos nincak 50 taun, tapi dina mastaka Kang Suhéb teu acan aya
silalatu hiji-hiji acan. (huis)
c. Silalatu Sagara Kidul mah dongéng di radio RKM.
16. SUNGSI
a. Néangan katerangan
17. TÉTÉLO
a. Naha hayam téh maruyung, sugan ku tétélo ! (ngaran kasakit hayam nu
gancang pisan tépana. Ceuk tahayul aya jurigna)
b. Cing atuh ari jelema cekékkeun tétélo mah ulah sina nganjang kadieu !
(kecap ka jelema nu kacida pikacuaeunana)
18. TIHOTHAT
a. Digawé kacida ripuhna bari rurusuhan, lantaran diburu-buru waktu.
19. TINGGANG
a. Jambu ninggang kana kenténg, untung teu peupeus ! (rag-rag kana barang
nu aya dihandapeunana)
b. Dasar jelema kurang saeundan, dipapatahan téh kalah rék ninggang.
(nonjok)
c. Ninggang bulan Oktober Lebaran ayeuna mah. (meneran)
d. Kancra Pa Lebé ngambang ditinggang ku jang Emod. (dibaledog)
e. Cunduk waktu ninggang mangsa (babasan = geus waktuna ?)
20. TOTOS
a. Paingan kompor téh gancang béak lantungna, da totos geuning !
(kohok, bocor)
b. Karunya budak téh, geulis-geulis bet notosan. (congé)
21. TUMPUR
a. Hayam anu sakitu lobana téh tumpur, basa keur usum sasalad tétélo.
(paéh kabeh)
b. Urang Pajajaran kajeun tutumpuran jeung tibatan ngagugu ka Gajah Mada
mah. (perang campuh bari teu niat nyésakeun balad lamun éléh)
c. Waktu gunung Rakata bitu, pangeusi lembur dieu loba anu tumpur ludes.
(tumpur pisan turunan jeung harta banda teu nyésa saeutik-eutik acan.)
Cag... heula
Emod,
Elmu tungtut dunya siar,
hade turut goreng singlar,
mun korupsi burut siah..!!!
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com