amin.

/* sami nuju diajar jadi bapa */

On 7/4/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


Susu orok naek? duka tah teu merhatikeun karek beja ti koran. kamari meuli
chil mil platinum sakaleng. duka geus undak duka acan, ongkoh da tara
ngilikan hargana, nu penting susuna cocog jeung pesenan indung budak.
budakna anteng wareg seubeuh cageur bae teu bageur ge da karek 9 bulan,
kekur diajar ngorondang jeung keur usum sagala dihuapkeun. deudeuh
anaking, du'akeun bapa jeung indung hideup sing bisa ngurus anjeun duaan.

perkawis pangaos susu nerekel, mangga we naek, sok we sing jongjon naek.
da moal rek eureun meuli. moal teu maksa rek meuli. dina keur kutudna,
susu orok beak di imah, rek nginjem duit ka unggal jelema. rumasa boga
balita. baheula kolot ngurus kuring bebeakan toh-tohan, ayeuna kuring rek
kitu ka nu jadi budak. keur diajar jadi bapa, embung anak kalaparan.
peupeuriheun ASI indungna teu kapake da teu hade. pirage soal harga naek.
keun we hirup miskin mah da ngan soal jumlah. boga hutang mah tanda hirup
cenah. boroning harta, nyawa oge rek dibikeun demi anak.

anaking jimat awaking..kong!

mj

Reply via email to