Assalamu'alaikum wr. wb.,

 

Hatur nuhun kana panampian wargi sadaya.

kangge kang Budhi, Abdi di ciamis palih kaler kang,

Ti leresan alun-alun ciamis mah mengkol ka kiwa jalan anu ngarah ka
Cirebon,kinten-kinten 10 km dugi ka rorompok teh.

 

Tos lami kang di Nagri sakura teh?

 

Baktos,

Yudi

  _____  

From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On
Behalf Of Budhi Setiawan
Sent: Friday, July 06, 2007 7:53 AM
To: urangsunda@yahoogroups.com
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkuen, wasta sim abdi, Yudi

 

Waalaikumsalam wr wb

 

Nepangkeun oge kang Yudi ... kuring Budhi, urang Cigugur Ciamis Kidul,
ayeuna nuju ngumbara di nagara Oshin.

 

Dupi kang Yudi Ciamisna palih mana ? bilih tatangga .. he he he

 

baktos,

budhi

 

On 7/5/07, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED]> wrote: 

Asalamu'alaikum Wr. Wb.

 

Nepangkeun kasadaya wargi, wasta sim abdi the Yudi, kawit mah ti ciamis, di
boborkeun oge di ciamis 34 warsih kapengker. 

Manawi para wargi kersa nganken ka sim abdi anu bade songong belengong ulu
biung di ieu babakan.

Kagagas ku para wargi boh nu aya di endonesia atanapi nu aya di mancanagara,
gening pengersa teh teu hilap ka lemah cai sareng kana budaya sunda. 

Nangin sim abdi mah da teu tiasa nanaon, estu ulubiung dina iru riungan teh
panginten janten pikaisineun, teu luhung ku elmu... teu pinuh ku pangaweruh.


Bade neda piwuruk ti sadayana, sareng manawi bahan katampi.

 

Hatur nuhun,

Assalamu'alaikum. 

__ 




-- 
Budhi Setiawan
@ Infrastructure Design Research Lab., Gifu Univ., Japan (research fellow) 
e-mail: budhi at gifu-u dot ac dot id
phone: +81-58-293-2475
@ Soil Mechanic Lab., Sriwijaya Univ., Palembang - Indonesia.
budhi at unsri dot ac dot id 

 

Kirim email ke