Duh tos lami teu ngiring nyerat na ieu group. Kumaha
daramang sadayana ?

Abdi teh kamari2 kenging dua wulan di Shenzhen
diteraskeun ka London 
sababaraha minggu. Meuni benteun pisan kondisina
sareng Indonesia, 
utamana mah China.
Urang china nu di pepehek di Indonesia teh benteun
jauh sareng 
aslina. Komo deui Shezhen mah.

Ngeunaan Judul, maca hiji buku ngena-an laporan
penelitian urang Arab.
Yen ngaran china teh lain asli kata asal-na.
Kemungkinan-na eta 
bahasa arab atawa ti timur tengah (1300 SM).
Ngaran china cuek urang china-na mah (china kuno)
kedahna Zhengguo.

Buku ieu teh ngena-an buktos buktos nu kapendak ku
penulis sareng 
ngajak ka sadaya arkeolog jeung sajarawan kalayan
ngabuktoskeun yen 
nu di maksad dina serat al Kahfi teh aya di China.
Sakabeh sajarawan baheula salah tafsir kana eta serat.
Nu janten taroskeun-neun teh ? Kahiji Fir'aun teh
keuheuleun pisan ka 
Nabi Musa, Kahayangna teh di bunuh wae ngan Nabi musa
teh salamet wae 
da di bantuan ku lalaki beriman. Saha ieu lalaki
beriman teh ?
Naha Fir'aun teu ngaluarkan parentah ngabunuh ka
lalaki beriman teh.
Ceuk pamendak penulis yen ieu teh Zulkarnaen tea alias
Raja Akhnaton 
atanapi putra Firaun. Nu parantos di nobatkeun bakal
jadi pangganti anjeun-na.
Dina sajarah oge tos kauningakeun yen Zulkarnaen
atanapi Raja 
Akhnaton teh ngajak bangsa mesir kana agama anyar.
Jeung jasad-na teu 
kapendak dugi ka ayeuna (da teu aya di Mesir).

Naon hubungan-na jeung China.
Saur penulis, ieu lantaran dina al-quran disebatkeun
kata yajuj jeung 
majuj. Na bahasa china Ya teh Asia, Ma teh Kuda jeung
Jou teh benua.
Dina sajarah kabuktosan yen bangsa china harita ge aya
masalah jeung 
bangsa Asia jeng bangsa berkuda.

Zulkarnaen nu disebatkeun sateuacan-na.Gagal kana
ngajak bangsa-na 
kana ajaran Islam (agama samawi/ ajaran Musa/daud).
Kaluar ti mesir 
milari hakekat agama nu di upayakeun-na. Dimana
anjeunna milari 
tempat matahari tenggelam sareng matahari terbit. Anu
diteraskeun ka 
Tempat dua bukit nyaeta China nu mana bangsa China
menta tulung ka Zulkarnaen.

Hasil karyana aya keneh dugi kaayeuna. Karya anjeun-na
panjang 7 Km, 
lebar fondasi kana 21 Meter luhurna 9 meter.

Nganurutkeun hasil laporan penulis. Yajuj sareng Majuj
nu aya dina 
al-qur'an teh aya di China atanapi perbatasan China.
Malahan China 
sempet dipimpin ku katurunan Zulkarnaen. Aya kana 800
tahun.
Sareng ieu diakui ku sajarawan China yen Dinasty Zou
sanes asli urang China.

Kepercayaan Kong Hu Cu ge (anu dina ajaran-na mirip
pisan sareng 
ajaran nabi daud/musa).
Jiga-na kaharti mun baheula di jaman Nabi muhammad ge
aya papatah 
belajar sampe ke negeri China. Da China mah geus di
susupan agama 
samawi (ajaran nabi daud/Musa).
Malahan ajaran Tao (Dao) oge tos kasusupi ajaran agama
samawi.

Urang China na mah bangga kana Dinasty HAN.
Catetan : Dinasty HAN anu diagung2keun teh ngadopsi
ajaran2 Dinasty Zou.
Naha ? Lantaran di Dinasty HAN, agama nu di anjurkeun
teh Kong Hucu, 
anu mana anjeun-na lahir di Jaman Dinasty Zou. Anu
nurutkeun catatan 
sajarah diyakini yen Kong Hu Cu di pangaruhan ku
ajaran Nabi Daud/Musa.
Mungkinkah Kong Hu Cu itu Islam (dalam artian menerima
ajaran agama 
Samawi dalam konteks jamannya).


Upami dikaitkeun kana sajarah Sunda. Sunda teh na
sajarah di hormati 
sareng dipikasieun ku karajaan batur.
Naha sajarah sunda nu agung sareng ageung teh ngan
dipercaya ku 
sajarawan Belanda. Naon nu katinggal ku aranjeun-na ?
Kakuatan naon nu ngahalangan para sajarawan sareng
arkeolog dina 
mendakan buktos buktos sajarah Sunda ? Jiga aya
kakuatan gaib nu nutupan-na.
Iraha waktos nu disebatkeun dina Uga Wangsit
Siliwangi, Yen 
disebatkeun mun tos waktos-na sagala sajarah sunda nu
agung baheula 
bakal ka ungkab. Naha kedah ngantosan 3300 tahun jiga
caritaan 
diluhur. Upami leres mah atuh kedah ngatosan deui 1000
tahun nya ?

Sokk ahhh urang pilari deui.










 
____________________________________________________________________________________
Now that's room service!  Choose from over 150,000 hotels
in 45,000 destinations on Yahoo! Travel to find your fit.
http://farechase.yahoo.com/promo-generic-14795097

Kirim email ke