haha haturan teh ika,
sapuklah palebah rek dikumahakeun/dikamanakeun indonesia nu geus kadung aya
ieu? urang pikiran sarerea yu ;)

ngan hayang nanya saalit, naha basa walanda asup ka nusantara tos aya hukum
internasional kitu? hukum nu ngulahkeun hiji bangsa ngawasa bangsa sejenna?
lamun aya. enya meureun salah sikuring nyaruakeun majapahit jeung walanda
teh...;-)

dina konteks jaman ayeuna majapahit jadi masalah. komo ieu geus aya
pangbeukahna sagala. bisa dijadikeun alat ku pangawasa saliwang pikeun
ngamajapahitkeun indonesia...

;) susuganan we ieu mah...

dh

On 7/11/07, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Hehehe....cenah mah sakabeh bangsa watak dasarna mah ekspansionis. Lamun
baheula silih jajah silih serang nya da can aya aturan internasional
meureun.
Lamun ngabayangkeun Nusantara jiga Indonesia ayeuna, nya meureun jiga nu
hebat Gajah Mada teh. Tapi pan karajaan baheula teh teu gede, paling oge
sagede Kacamatan meureun atawa karajaan leutik mah sagede Desa ayeuna
pusatna. Lolobana leuweung. Meureun loba keneh nu merdeka tibatan nu dijajah
Majapahit. Paling oge kawasan pesisir di pulau-pulau nu deukeut. Pan
Pajajaran oge teu kajorag ku Majapahit. Komo Sulawesi, Maluku, Papua mah
jauh teuing.
Panaklukan lain ku militer atawa peperangan, nya kitu wae diplomasi kawin
mawin atawa dagang.
Jadi keur kuring mah Majapahit, atawa Sriwijaya nya biasa-biasa wae keur
konteks jaman harita mah. Nu penting mah ayeuna Indonesia pasca proklamasi
rek dikumahakeun.
-ika-
*Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>* wrote:

 ---
hiji deui kaheranan kuring ka 'urang indonesia', ieu lamun bener majapahit
pernah ngawasa nusantara. naha kudu ngagul-ngagul majapahit. cek kuring mah
majapahit sarua bae jeung walanda, bangsa penjajah .

dh


,___




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke