hatur nuhun Kang Dudi,
nambihan tah pangaweruh teh

baktos
herni


----- Pesan Asli ----
Dari: Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: urangsunda@yahoogroups.com
Terkirim: Senin, 16 Juli, 2007 11:12:04
Topik: [Urang Sunda] pentingna sajarah >> soal gajah mada - meni nyeletit kana 
hate!

hatur nuhun teh herni,
kuring kaasup nu resep ka sajarah. resep ngalieukan ka tukang ;) sugan we nimu 
eunteung nu ningalikeun korodokna beungeut meh gampang ngaberesihanna. 

teh, ieu mah rek babagi pamikiran bae. estuning cekeng wungkul. 
cek kuring, 'sajarah nu kajadian sabenerna' mah euweuh. nu aya ukur 
tapsiran-tapsiran tina bukti-bukti sajarah nu (geus) katimu. sajarahwan bisa 
dipapandekeun jeung ahli tapsir alkitab kaagamaan. kumaha jadina sajarah 
tergantung timana sajarahwan nyokot angel (alah sudut pandang ieu mah lain 
ganjel beuheung haha--sundana? ). hiji kajadian, bisa jadi sababaraha versi 
sajarah. (tong boroning sajarah baheula nu pelakuna geus teu bisa ditanya. 
dalah kajadian kamari oge bisa jadi sababaraha carita nu patojaiah.  kumaha 
bae, kajadian di alastlogo.) nu mana nu bener? nya pakuat-kuat argumen jeung 
data-data nu ngadukung we eta mah. 

misalkeun, perang bubat. kajadian ieu aya dina Pararaton, Kidung Sunda, Carita 
Parahyangan, jeung naskah Wangsakerta. tapi euweuh dina naskah Nagarakertagama 
atawa Desawarnana- na Mpu Prapanca. jeung nu ngangkat perang bubat salaku 
sajarah (karak) urang jawa barat wungkul (cmiiw!). ti luar mah komo aya nu teu 
narima sagala. nu mana nu bener? nepi ka ayeuna belah mana bubat-na oge can 
jelas. 

keur kuring kajadian ieu kudu sageuwatna ditembreskeun sajelas-jelasna. sangkan 
dosa babad nu nyababkeun ruksakna karukunan dua tatangga bisa dileungitkeun 
sapisan. kuring teu pati satuju lamun ku alesan ngajaga karukunan, 'gelut' 
ngeunaan perang bubat ieu kudu dieureunan. 

memang hal ieu bagean ahlina. tapi keun wae meureun lamun kuring sakali-kali 
ngarewong ;)

dh


On 7/15/07, herni herningsih < [EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:
Mangga manawi kersa maos,
seratan kenging mulungan ti manda mendi duka teuing!!!!!! !!!!!!!!!
Sanes bade muka deui  topik anu tos ditutup.
Kang Asep hapunten he...he...





-- 
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ 
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog. com . deha.wordpress. com 



      
________________________________________________________ 
Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! 
http://id.yahoo.com/

Reply via email to