ari kuring mah dendam ka urang jawa teh baheula. ayeuna mah henteu ;). jeung
kuring can boga turunan hehe

maksud kuring, sangkan 'gelut' (ngahaja dicurekan, ukur gelut argumen ieu
mah) ngeunaan perang bubat diteruskeun teh sangkan jelas we. naha enya
pernah kajadian perang bubat teh, atawa ukur catur bukur ngalindur wungkul.
lamun enya aya, kumaha sabenerna kajadianna. pan salila ieu urang gelut ukur
gara-gara dongeng, gara-gara mitos. sugan we ari geus jelas faktana (nu
ditarima ku dua belah pihak) mah eureun tah. heuheu... di eropa jeung jepang
ge perang teh sanes masih nyesakeun mitos kang? holocaust di jerman jeung
jugun ianfu di jepang. sarua ieu ge kudu dibereskeun. sangkan jelas tembres
;)

walah kabudayaan baca tulis karek datang sanggeus sunda kadatangan urang
jawa? atuh eta mah kedah dibuktikeun heula kang. saacan cacarakan asup ka
sunda, cenah bangsa sunda geus wawuh kana tulisan. sunda ngalagena (ka ga
nga tea), cenah lain tuturunan tina cacarakan. tapi diturunkeun langsung ti
aksara pallawa. jadi meureun samemeh sunda make cacarakan, make heula
kaganga, samemehna tangtu marake pallawa.

disertasi mikihiro moriyama sanes? semangat baru? heuheu dina eta buku
malahan nu nyieun sunda teh apanan belanda cenah ;))

sugan,
dh


On 7/16/07, Billy Soemawisastra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

  Leres atanapi teu leres (eta carios perang bubat tea)jigana henteu
kedah janten ganjelan kana hubungan komunitas Jawa-Sunda. Da parantos
biasa dina sajarah mah, dua bangsa anu kapungkur musuh bubuyutan,
ayeuna janten sobat dalit. Contona, Jerman sareng nagara-nagara Eropa
sanesna (oge Amerika)nu garelut di jaman perang dunia kadua, pan
ayeuna mah rukun salelembur. Kitu deui Jepang sareng nagara-nagara
Sakutu (sanes kutu dina buuk).
Tah urang Sunda oge kitu. Teu kedah dendam tujuh turunan ka urang
Jawa, da anu ngamusuhan orang Sunda teh mung rejim Gajah Mada sareng
Hayam Wuruk. Ulah hilap deuih, abjad Sunda: ha na ca ra ka da ta sa wa
la jeung salajengna, eta teh modifikasi tina abjad urang Jawa. Janten
saleresna mah, urang Jawa oge kagungan jasa ka urang Sunda, nyaeta
ngawariskeun budaya baca tulis, anu sateuacanna henteu dikenal ku
urang Sunda. Perkawis ieu, aya dina buku (disertasi) urang Jepang
(aduh hilap namina sareng judul bukuna, engke diguaran deui)anu di
antawisna nyarioskeun yen urang Sunda teh diajar nyerat ka urang Jawa.

--- In urangsunda@yahoogroups.com <urangsunda%40yahoogroups.com>, "Dudi
Herlianto"
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> hatur nuhun teh herni,
> kuring kaasup nu resep ka sajarah. resep ngalieukan ka tukang ;)
sugan we
> nimu eunteung nu ningalikeun korodokna beungeut meh gampang
ngaberesihanna.
>




--
dh
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
:.nu dipalar lain pamuji, panyepét nu dipénta!.:
datiparang.blog.com . deha.wordpress.com

Kirim email ke