Satuju ka Waluya yen Nagara kertagama nyaritakeun nu Alus-Alus na hungkultp eta 
ge ka asup pamenta ti kaluarga raja.
Upami teu lepat narjamahkeun mah (nami buku-na hilap dugi ka ayeuna teuacan 
kapendak deui).
Hiji kanggo ngaleungitkeun cacat na Sajarah Majapahit (ku kalakuan GajahMada).
Kadua saleres-na teu aya maksad nguasaan Padjajaran ti pihak KaluargaRaja (da 
ka asup leluhur-na).
Katilu-na politik Jawa, nu khawatos upami aya dua nagara bersanding nuartina 
Majapahit teh, teu aya naon2 (alias sieuneun kupadjajaran).

Seu-eur naskah2 sanesna nu tiasa digali deui kanggo ngabuktikeun ieusadayana. 


At 10:34 AM 7/17/2007, waluya56 wrote:

--- [EMAIL PROTECTED], Aschev Schuraschev 
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Balik ka Perang Bubat, naha Perang Bubat aya dina naskah-
> naskah "Kidung Sunda", naskah "CaritaParahyangan", jeung 
> naskah "Pararaton"? Naha perang Bubat henteu disabit-sabitdina 
> naskah Negara Kertagama? Terus naha gara-gara perang Bubat henteu
> disebut dina Nagara Kertagama terus disimpulkeun Perang Bubat teh
> henteu pernah kajadian?

Aya hipotesis, poho deui ceuk saha, naon sababna Perang Bubat teu 
aya dina Nagara Kertagama. Cenah mah Nagara Kertagama dijieun/ 
disusun ku pujangga Karaton. Nu aranna "sastra Karaton" biasananu 
dicaritakeun teh nu ALUS-ALUSna wungkul tara nyaritakeun kajadian nu
goreng atawa nu ngerakeun. Beda jeung Pararaton nu disusun ku 
pujangga nu aya diluar lingkaran kawawasaan. 

Perang Bubat sigana mah dianggap hiji kajadian nu ngerakeun/ teu 
pantes keur Karaton Majaphit. Jadi "sang Empu" henteu nuliskeun
kajadian ieu ....

Baktos,
WALUYA

 
       
---------------------------------
Boardwalk for $500? In 2007? Ha! 
Play Monopoly Here and Now (it's updated for today's economy) at Yahoo! Games.

<<inline: c3d56c.jpg>>

Kirim email ke