heuheuheu.........
(tara2 ka lembur, bieu aya beja sina ka lembur, ning nuju rame nya...)

mangga ah lajengkeun deui...
(bari ngajerittt atooh... hihih...)

-dikdik-

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "Tito Suryana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> heheheheheh sae ceu roro.....si kuring seuri sorangan ...
> 
>   ----- Original Message ----- 
>   From: Roro Rohmah 
>   To: urangsunda@yahoogroups.com 
>   Sent: Friday, July 27, 2007 2:26 PM
>   Subject: [Urang Sunda] Heuay Pangantén Anyar
> 
> 
> 
>   Heuay Pangantén Anyar
> 
>   Karék saminggu Jang Adun & Nyi Ocoh jatuk rami. Keur meujeuhna
sono bogoh. Silih teuteup, silih tepak, silih toél, silih kelét
dibarengan ku imut jeung seuri leutik. Pokonamah dunya téh bener-bener
asa nu duaan.
> 
>   Hiji poé teu angin teu hujan Nyi Ocoh ujug-ujug jamedud.. Puguh,
Jang Adun heraneun. Ditanya, teu ditémbalan. Diajak seuri kalahka
samutut. Komo ditoél mah langsung diképéskeun. Jang Adun bingung
kumaha piketakeunana, da can apal pisan kana pasipatan Nyi Ocoh téh.
Maklum atuh da, bobogohan tilu bulan langsung diajak kawin, atoh wé nu
aya.
> 
>   Poé kadua Jang Adun ngawani-wani manéh ngomong ka Nyi Ocoh kunaon
pangna ujug-ujug baeud teu puguh-puguh. 
>   Jang Adun nanya ka Nyi Ocoh,"Nyi, tikamari jamedud waé ka Akang
kunaon?".
>   Nyi Ocoh teu némbalan, kalahka ngaléos. Teu éléh géléng, Jang Adun
nuturkeun ti tukang bari nanya deui. "Nyi, tong kitu atuh.Akang téh
bingung yeuh kunaon Nyai téh? Cik béjaan atuh ari Akang salah naon?
Pan kudu aya sabab musababna!" ceuk Jang Adun rada ngambek.
> 
>   "Na, ari Akang teu ngarasa kitu?!" ceuk Nyi Ocoh tungtungna
némbalan da karunyaeun ka Jang Adun. "Yeuh Kang, basa ngobrol jeung si
Abah di imah uing kamari teu didengékeun nya? Da katénjo Akang téh
heuay.jeung heuaaaay wéh! Diitung téh aya kana dualikurna heuay! Moal
enya mitoha keur ngomong ditembalan ku heuay?!"
>   Pan éta téh teu sopan, ngarana teu ngahargaan ka mitoha! Dititah
mencetan si Abah, angger bari heuay.nya puguh si Abahna nitah eureun
da mencetanana teu karasa-rasa acan bakat ku loba teuing heuay jadi
euweuh tanagaan. Ngomong ka kuring mah asa diciwitan ceunah! Naaa. Ari
kana lalajo meng bal tara heuay? anteng we nu aya! Saha nu teu keuheul
Kang?!" Nyi Ocoh beuki ngagedur amarahna.
> 
>   Jang Adun karék ngarti,"Owhh..éta. Hampura atuh Nyi, pan Nyai gé
nyaho yén Akang téh peutingna tas ngaronda, jadi tunduhna kabawa kénéh."
>   "Cikan hayang nyaho, ari nu diomongkeun ku si Abah peuting kamari
téh kaharti teu?" ceuk Nyi Ocoh nanya deui.
>   "Nya éta atuh. hanteu, puguh!" Ceuk Jang Adun bari gagaro teu ateul.
>   "Tuh nya, cekéng gé pasti teu didengékeun!" ceuk Nyi Ocoh jadi
beuki ambek ditungtungan ku jamedud deui..
> 
>   Geus nincak poé katilu kaayaan angger kénéh, Nyi Ocoh jamedud,
Jang Adun angger panasaran sanajan geus nyaho masalahna. Peutingna,
Nyi Ocoh lalajo TiPi sorangan lalajo acara sinétron kameumeutna.
Kurunyung Jang Adun dikukuyung sarung, terus gék diuk di gigireun Nyi
Ocoh bari ngelepus udud daun kawung. Pacicing-cicing, teu ngaromong
sakemék-kemék acan. Maklum lalaki, ningali acara sinétron nu
dilalajoanan ku Nyi Ocoh, manéhna teu resepeun. Jurungkunung Jang Adun
nyokot rimot nu aya dihareupeun Nyi Ocoh bari mindahkeun kana siaran
méng bal di setasiun tipi séjén. Ningali kaayaan kitu Nyi Ocoh
ngajéwang rimot nu keur dicekel ku Jang Adun, dipindahkeun deui kana
sinetron. Jang Adun teu éléh géléng manéhna cicing di hareupeun tipina
pisan langsung mencétan kenop paragi mindahkeun siaran tipi.
Dipindahkeun kana méng bal. 
> 
>   Kaayaan kitu lumangsung sababaraha kali, tungtungna Jang Adun
ngéléhan da sieuneun tipina ruksak, mangkaning teu boga duit keur
meuli deui nu anyar mah..
>   Gék manéhna diuk deui gigireun Nyi Ocoh bari angger ngelepus udud.
Keur kitu téh ujug-ujug manéhna ngarasa sono ka Nyi Ocoh, maklum
pangantén anyar téaaa.. "Euuuhhh.hanjakal si Nyai keur baeud, .kumaha
atuh?!!!" Gerentes Jang Adun jero haté.
> 
>   Dina waktu nu sarua, di tungtung korsi nu beulah ditu, haté Nyi
Ocoh keur ngarakacak, "Aduh, sono euy ka si Akang geus sababaraha
poé.". Manéhna langsung sadar yén dirina nu ngamimitian nyieun pucuk
tigirang ka Jang Adun, teu pira masalahna "heuay" hareupeun mitoha.
Tapi dasar Nyi Ocoh géngsina mah gedé pisan, ké heula anan mun ti
heula ngawawuhan nu jadi salaki, jaim tiditunamah.
> 
>   Jang Adun mikir tikerung-kerung waé, kumaha carana ngawawuhan Nyi
Ocoh? Ah, cik susuganan .Tambah éra, Jang Adun heuay bari
ngomong,"Heuaaaayyaanggg.."
>   Teu disangka-sangka ku Nyi Ocoh ditémbalan bari heuay
ogé,"Heuaaaayyuuuuu.."
>   Ngadengé kitu, Jang Adun langsung curinghak bari nanya ka Nyi
Ocoh, "Ké.ké.teu kadéngé Nyi, némbalan naon tadi téh?" 
>   "Enya, hayu!" ceuk Nyi Ocoh bari aluman alimen semu nu éra. Teu
antaparah, rigiwing Nyi Ocoh dipangku ku Jang Adun, atuh puguh Nyi
Ocoh reuwaseun langsung ngajerit! (bari atoh).
>    
>   Heuheu.mangga, kanggo salajengna wilujeng impleng kunyalira,
hapunten dongengna lebet 17taun kaluhur.  
>   Teu ketang, ieu mah  kaideuan ku dongeng Kang Syam, mugia tiasa
janten pangbeberah manah.
> 
>   ro2
>


Reply via email to