Hmmm....
Asa ku teu ngarti. Ongkoh geus pada-pada dewasa.
apal dewasa teu ? Dewasa teh Gede Wadul ka Sasaha.
Dina basa sunda-na mah geus Sawawa. 
Boa lain Sawawa deui, boa geus tilu atawa opatwawa, 
tapi angger masih keneh bubudakeun. Padahal mah geus
pantes nyieun budak oge. Tapi naha masih keneh mikir
kumaha aing, kumaha engke, padoli teuing...

Postingan-postingan anu pantes ceuk sorangan wungkul,
lain bae nyoret tarang nu mostingna, tapi oge matak
ngiruhkeun suasana. Jaba ti eta, ngariweuhkeun Kuncen.
Loba nu tutunjuk, salah kuncen, naha postingan nu kitu
patut diloloskeun kana milis.

Anggota Kusnet nu geus remen mosting, eusina pantes jeung
memang geus kapeunteun, status emailna pasti di un-moderated.
hartina geus dibere kapercayaan/kabebasan pikeun ngirim imel 
ka milis tanpa kudu ditempoan heula eusina ku Kuncen samemeh
dialungkeun ka milis. Sakuduna mah bisa ngahargaan sorangan.
masalahna lain resikona bakal di banned atawa ditalapung tina 
milis, tapi hal-hal nu kararieu teh matakanan Kuncen oge jadi 
sarwa salah.

Sajak "Awewe", ekspresi eusi hate Kang Ndud.
Bakal Leuwih hade mun diungkapkeun ku kecap nu leuwih santun,
nyari jeung nyeni. Tangtuna matak kaharti jeung nyerep kana
hate. Lain matak piambekeun nu maca ka nu nyieuna.
Mun cenah naha bet dibaraca ? Naon tujuanana diposting atuh ? 
apanan meh batur nyaho lin ?

Cik, uing mah hayang nyaho pembelaan ti Kang Ndud kuanjeun...


-dul-
kuncen 8#
juragan korong



> Original Message-----
> From: urangsunda@yahoogroups.com 
[mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Dudi Herlianto
> Sent: Wednesday, August 01, 2007 3:42 PM
> To: urangsunda@yahoogroups.com
> Subject: Re: [Urang Sunda] AWEWE
> 
> 
> karunya ari awewe
> nalangsa jadi bikang
> ku jalu di kukuya
> 
> salah sia siah..
> hulu aing rieut
> balas sia dibaju teu matut


-----


Kirim email ke