Walaah, Teh Ely, teu ngajak-ngajak yeuh ka abdi, angkatan '86?
Wilujeng sosonoan, ngiring bingah, salam baktos kanggo Akang-
Teteh '84.

(Baraya, Teh Ely anu ieu mah pituin Istri-geuliiis, anjeuna tos 
nyangkin gelar Doktor, ayeuna ngawulang di IKIP Medan (tos janten 
Universitas sapertos UPI?), panginten seueur baraya anu atos 
uninga/kenal, da langkung tipayun lebet ka KUSNET na teh batan 
abdi,  dina Album KUSNET nyondong foto-foto anjeuna anu nganggo judul
Kampung Adat Jabar-Banten)

baktos,
Pupung 

(Anu reueus tiasa ulubiung dina kempelan wargi-wargi anu halebring, 
malihan dugi ka Bp Prof.Dr. Ginanjar Kurnia/Rektor UNPAD oge wargi 
KUSNET....)


--- In urangsunda@yahoogroups.com, ely djulia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> ULEMAN  REUNI
> 
>     Kulawarga mhs Biologi angkatan 1984 UPI (kapungkur IKIP 
Bandung) bade ngayakeun Reuni
>   Tempat : Cape Lodra, Terusan Jln Jakarta, Antapani Bandung
>   Waktor : Saptu ping 11 Agustus 2007
>   Jam     :  09.00 - 16.00
>   Acara  : Sosonoan
>    
>   Ka para wargi KUSNET atanapi rerencangan nu kenal tur uninga ka 
sobat-sobat Biologi'84 UPI mangga diantos kasumpinganana sareng 
dugikeun ieu uleman.
>    
>   Tri Gunaedi (Universitas Cendrawasih), Trisyono (dimana......), 
Kurnia (Baleendah), Rosyid (Leles), Herlina (dimana......, Nellah 
(Kuningan), Wawan (dimana..........) diantos ku panitia margi teu 
acan kapendak no.kontakna.
>    
>   Mangga tepangan panitia, seksi Humasna:
>   CEU SITI  ZUMROHATIN  (081320677865)
>    
>   Salam,
>   Teh Ely
>    
>          
> 
> 
>        
> ---------------------------------
> Choose the right car based on your needs.  Check out Yahoo! Autos 
new Car Finder tool.
>


Kirim email ke